:

Yesaya 45

1

PANGERAN geus milih Kores jadi raja. Ku Mantenna bakal dipangmukakeun gapura kota-kota, sina nalukkeun raja-raja, ngarangsadan kakawasaanana. Kieu timbalan PANGERAN ka Kores,

2

"Kami anu bakal maju heulaeun maneh, ngaratakeun gunung-gunung jeung pasir-pasir, ngabejadkeun panto-panto tambaga, ngarebahkeun sarigsig-sarigsig beusi, pikeun pijalaneun maneh.

3

Maneh rek diserenan dunyabrana, pependeman ti tempat-tempat anu baruni, sangkan nyaho yen Kami teh PANGERAN, sangkan nyaho yen ngaran maneh geus disebut ku Allah Israil.

4

Maneh ku Kami diangkat pikeun nulung abdi Kami, Israil, umat beunang Kami milih. Maneh najan can nyaho ka Kami, ku Kami geus dibere kahormatan kitu.

5

Kami teh PANGERAN. Taya deui Allah sejen. Maneh rek dibere kakuatan, sanajan can wawuh ka Kami.

6

Maksud Kami sangkan unggal jalma ti tungtung-tungtung jagat nyaraho yen Kami teh PANGERAN, sangkan nyaraho yen euweuh deui Allah sejen.

7

Kami nu ngadamel caang jeung poek. Kami nu ngadatangkeun rahmat jeung bahla. Kami PANGERAN, nu midamel ieu sagala perkara.

8

Kami rek ngahujankeun kaunggulan. Bumi bakal suka narima eta kaunggulan. Bumi bakal marakbak siang, kahibaran ku kabebasan jeung kaadilan. Kabeh bakal dibuktikeun ku Kami, PANGERAN."

9

Ari pariuk atawa barang gagarabah lianna, wanieun ngalawan ka nu nyieunna? Ari taneuh liket sok nanyakeun ka panjunan rek dijieun naon? Ari pariuk sok nyawad ka nu nyieunna, nyebutkeun yen nu nyieunna euweuh kabisa?

10

Naha aya anu wani ngomong ka kolotna, "Ku naon kuring dijieun kieu?"

11

PANGERAN, Allah Israil nu suci, nu iasa ngadamel mangsa pikahareupeun, nimbalan, "Maneh taya kawasa nanyakeun ka Kami perkara putra-putra Kami, jeung taya hak nuduhkeun pidameleun Kami.

12

Ieu Kami, anu ngajadikeun bumi, jeung ngajadikeun manusa pangeusina. Kami make pangawasa ngabeberkeun langit. Kami anu ngatur panonpoe, bulan jeung bentang-bentang.

13

Kami anu ngersakeun Kores sina ngalaksanakeun pangersa Kami, pikeun memeres sagala rupa. Jalan sorangeunana ku Kami geus dilelempeng. Kores anu bakal ngadegkeun deui Yerusalem kota Kami, jeung ngabebaskeun umat Kami ti pangbuangan. Tur kituna teh lain ku sabab aya nu muruhan, lain ku sabab aya anu ngarurubaan."

14

PANGERAN nimbalan ka Israil, "Dunyabrana Mesir jeung Sudan bakal beunang ku maneh. Urang Seba nu jarangkung gede bakal jaradi badega maneh, narurut ka maneh, bari nyandang rante. Ka maneh bakal sarujud, bari nyebut, ‘Juragan dibanding ku Allah. Allah teh mung Mantenna bae.

15

Allah Israil anu nyalametkeun umat-Na teh Allah anu ngarasiahkeun salira-Na.

16

Sakur anu nyieun arca tangtos bakal areraeun, sadayana bakal nandang kahinaan.

17

Sawangsulna Israil mah ku PANGERAN disalametkeun. Kaunggulan Israil langgeng, umat Mantenna moal nyorang kahinaan.’"

18

PANGERAN ngajadikeun langit. Ngan Mantenna nu jumeneng Allah! Mantenna ngadegkeun bumi, diwangunna weweg tur langgeng. Dijadikeunana lain sangkan terus suwung, tapi supaya dicicingan ku manusa. Nya Mantenna nu ngadawuh, "Kami teh PANGERAN, taya deui Allah sejen.

19

Kami ngandika teh henteu rarasiahan, pangersa Kami henteu disumput-sumput. Kami henteu miwarang urang Israil neangan Kami di tempat suwung. Ieu Kami PANGERAN, ngandikakeun nu sabenerna, nguarkeun nu saestuna."

20

PANGERAN ngandika, "Ka darieu kumpul, eh rahayat sagala bangsa! Ka darieu sakur anu luput ti karajaan anu geus rugrug. Ka darieu pasrah, ku Kami rek diuji! Jalma-jalma nu ngaraleut marawa brahalana, tukang sasambat ka dewa-dewa anu teu bisa mere pisalameteun, tegesing taya kanyaho pisan!

21

Ka darieu, bela perkara maraneh di pangadilan! Anu rek ngabela pek baradami heula. Saha anu baheula ngawejangkeun perkara nu bakal datang? Ku saha umat Kami salametna? Ku Kami, PANGERAN, Allah anu nyalametkeunana teh. Euweuh deui, ngan Kami Allah teh.

22

Ka darieu ka Kami, eh manusa sajagat! Tangtu maraneh salamet! Ngan Kami bae Allah teh.

23

Jangji Kami jangji anu pasti, moal robah. Kami jangji saenyana, nyebat jenengan ku manten. Ka darieu, sujud ka Kami. Sing tuhu ka Kami!

24

Maranehna tan wande ngaraku, yen ngan ku pangersa Kami bae meunangna kaunggulan jeung bogana kakuatan teh. Saha nu ijid ka Kami, tanwande cilaka.

25

Kami, PANGERAN, seja nyalametkeun sakabeh turunan Yakub, sangkan maranehna ngamulyakeun ka Kami.

Link: