Yesaya 58
PANGERAN ngadawuh, "Celukkeun sataker tanaga ka umat Kami Israil! Sebutkeun ka maranehna dosa-dosana!
Memang unggal poe ge maraneh ngabarakti ka Kami, pajar harayang nyaho kana pangersa-pangersa Kami, pajar narurut kana hukum-hukum Kami. Carekna mah maranehna resep ngabarakti ka Kami sarta harayang kana hukum Kami anu adil."
Ceuk jelema-jelema, "Jang naon puasa ari ku PANGERAN henteu dipirosea mah? Jang naon ngosongkeun beuteung ari ku Mantenna henteu dipalire?" Dawuhan PANGERAN, "Saenyana maraneh paruasa teh ngan pikeun ngudag kapentingan pribadi bae, ka nu karuli ge nepikeun ka ngagencet.
Maraneh mah paruasa teh kalah jadi kasar adat jeung cekcok nepi ka garelut. Dikira ku puasa kitu Kami daek ngadengekeun paneda maraneh?
Paruasa mani ngariripuh maneh, mani ngulahekkeun sirah kawas daun jukut ngulapes, ngedeng dina karung diamparan lebu. Nu kitu anu ku maraneh disebut puasa teh? Dikira Kami resep kana cara siga kitu?
Puasa pamenta Kami mah kieu: Kudu daek nulung batur. Mun batur meunang kateuadilan nepi ka jadi bangbaluh hatena, leupaskeun.
Sing daek mere ka nu kalaparan, daek ngarapek semah miskin anu teu bogaeun imah, daek makean ka nu rudin, daek ngabantu ka dulur atawa ka baraya.
Lamun kitu mah rahmat Kami bakal nyinaran lir srangenge meletek, nepi ka maraneh tereh cageur. Tangtu ku Kami diraksa salalawasna supaya marulus, diaping ti ditu ti dieu.
Unggal neneda tangtu didenge, saban sasambat tangtu dijawab. Lamun maraneh geus tara teungteuingeun deui, tara tudang-tuding deui, tara hasud deui, tara ngomong goreng deui,
terus daek nalang ka nu lapar, daek mere ka nu kakurangan, tangtu ucul tina kaewuh, leungit poek datang caang kawas keur wanci manceran.
Ku Kami baris diaping, dicukupan pangabutuh, lulus mulus kuat santosa, pijadieun saibarat taman anu cur-cor cai, lir cinyusu anu moal saat-saat.
Maraneh sabatur-batur bakal bisa ngadegkeun deui adegan-adegan anu geus lila jadi ruruntuk, diadegkeun dina pademen asalna. Ku batur bakal kasebut ahli ngadegkeun deui kuta jeung adegan-adegan anu geus rarubuh."
PANGERAN ngadawuh, "Lamun maraneh nyucikeun poe Sabat, lamun dina poe eta nunda heula kapentingan pribadi, ta’at jeung ngajenan kana kasucianana, henteu nyanyabaan, henteu gawe naon-naon, henteu ngomongkeun nu euweuh eusina,
tan wande ngarasa genahna ngabakti ka Kami. Maraneh ku Kami rek dimashurkeun ka saalam dunya jeung mareunang nugraha di ieu tanah anu geus diserenkeun ka Yakub karuhun maraneh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."