:

Yesaya 59

1

PANGERAN teu ngajait ka maraneh teh lain ku sabab teu kawasa. Lain ku sabab teu iasaeun ngadangu kana panyambat maraneh.

2

Saenyana mah ku sabab henteu kersaeun, sabab maraneh dosa ka Mantenna. Unggal maraneh aya niat ngabakti ka Allah ngan teu bisa bae, sabab kahalangan ku eta dosa.

3

Maraneh salah, biasa ngabohong, biasa telenges, biasa maehan.

4

Mun indit ka pangadilan lain rek ngadegkeun kaadilan, maraneh mah hayang meunang padu, datang ka ngabohong. Sagala pangreka ngan pikeun ngusrukkeun batur.

5

Eta niat-niat anu jarahat teh ngabahyakeun, kawas endog oray matih ana megar nya jadi oray! Tapi eta paniatan-paniatan maraneh teh moal aya paedahna, ibarat baju anu bahanna tina ramat lancah!

6

(59:5)

7

Rarancang-rarancang maraneh salawasna pidorakaeun bae. Jeung ari geus aya niat kitu teh maraneh nepi ka teu sabar ngadago. Ka nu teu boga salah nepi ka teu asa-asa maehan. Ka mana bae maneh datang, inditna ninggalkeun karuksakan jeung kaancuran.

8

Lamun maraneh aya di hiji tempat, saurang ge moal aya jalma nu aman. Sagala kalakuan maraneh euweuh nu adil. Jalan maraneh bulat-beulit, anu nempuh eta jalan moal aya nu salamet.

9

Ceuk jalma-jalma, "Nyaho ayeuna mah naon sababna Allah teh ngajait kuring ti anu ngagencet. Leumpang hayang kacaangan, tapi poek bae,

10

nepi ka utag-atog kawas nu lolong. Ti beurang ge titajong kawas ti peuting, asa poek kawas di dunyana anu paraeh,

11

sieun, nalangsa. Kacida ngarep-ngarepna hayang ku Allah dihanjatkeun tina kasangsaraan, tina kasalahan. Tapi lapur!

12

Nun PANGERAN, kajahatan abdi-abdi ka Gusti kacida seueurna, ngadakwa ka diri abdi sorangan. Kalintang rumaosna.

13

Abdi-abdi parantos baha, parantos teu nurut ka Gusti. Ngajepit ka pada jalmi, mungkur ti Gusti. Palsu pikiran, palsu omongan.

14

Tebih tina rasa adil, anggang tina bebeneran. Di tempat-tempat umum, anu leres tibebes, anu jujur tikusruk.

15

Jalmi jujur parantos langka, dugi ka anu henteu pipilueun kana kajahatan jadi korban kajahatan." PANGERAN geus uningaeun kana eta kaayaan. Manah-Na hareneg ningali teu aya kaadilan.

16

Mantenna hemeng, jelema-jelema teh teu aya anu daek nulungan ka nu keur kajepit. Ku sabab kitu Mantenna rek nganggo kakawasaana-Na pikeun ngajait maranehna, rek ngadamel kaunggulan.

17

Anjeunna rek dangdos, kaadilan minangka raksukan kere-Na, kaunggulan minangka balakutak-Na, sarta minangka jubah-Na nya eta kapalay-Na anu ngagedur baris menerkeun kaayaan anu teu bener, ngahukum ka nu jarahat anu nyangsara rahayat.

18

Musuh Mantenna, sanajan anu jarauh, bakal dihukum satimpal jeung kalakuanana.

19

Unggal jelema, ti wetan nepi ka kulon bakal sieun ku Mantenna, gimir ku kakawasaana-Na nu pikasieuneun. Mantenna tangtu sumping, hebat lir walungan anu keur mudal, lir angin anu ngagelebug.

20

PANGERAN ngadawuh ka umat-Na, "Kami tangtu datang ka Yerusalem. Maraneh anu tarobat tangtu dijait dibelaan.

21

Kami rek nyieun perjangjian jeung maraneh, rek mere kakuatan jeung aturan-aturan pikeun pakeeun salalawasna. Ti ayeuna maraneh kudu nurut ka Kami. Anak maraneh kudu diajar nurut ka Kami, mimiti ti ayeuna saterusna."

Link: