:

Yesaya 61

1

Hate kaula kaeusian ku Roh PANGERAN Nu Maha Agung. Kaula ku Mantenna dipilih, diutus, pikeun nepikeun beja alus ka nu sangsara, nyageurkeun anu hatena remuk, ngabejaan ka nu keur jadi tawanan, yen maranehna bakal dijait, ngabejaan ka nu keur dipanjara yen bakal dibebaskeun.

2

Kaula dipiwarang ngembarkeun, yen geus cunduk waktuna, PANGERAN bakal ngajait umat-Na, ngelehkeun musuh-musuh-Na, ngalilipur ka nu prihatin.

3

Kaula mawa beja piatoheun ka urang Sion, pikeun ngaleungitkeun kasungkawaanana, sina maruji, ulah udah-aduh deui. Maranehna bakal saibarat tangkal nu dipelak ku PANGERAN ku manten. Lampahna bakal balener. Allah bakal diparuji sagala damel-Na.

4

Kota-kota nu geus lila bukrak-bakrek, ku maranehna bakal diadegkeun deui.

5

Eh umat Kami, bangsa asing bakal kumawula ka maraneh. Bakal mangangonkeun, manggarapkeun lahan, mangrawatankeun kebon anggur.

6

Maraneh bakal disarebut: imam-imam PANGERAN, abdi-abdi Allah. Bakal marake kakayaan bangsa-bangsa, anu geus jadi milik maraneh.

7

Kaera jeung kahinaan maraneh geus tamat. Maraneh bakal caricing di nagri sorangan, sarta kabeungharan maneh bakal jadi lipet ganda, sapapanjangna bakal aya dina kabungah.

8

Dawuhan PANGERAN, "Kami suka kaadilan, cua kana panggencet jeung kajahatan. Umat Kami tangtu ku Kami diganjar, jeung dibere perjangjian anu moal barobah.

9

Maranehna bakal mashur di antara bangsa-bangsa. Sakur nu nenjo tangtu taregeseun yen maranehna teh umat anu diberkahan ku Kami."

10

Yerusalem bakal bungah ku sagala damel PANGERAN. Yerusalem bakal didangdanan, lir panganten awewe dina poean kawinanana. Kasalametan jeung kaunggulan minangka dangdananana.

11

Sakumaha binih tangtu sirungan jeung jadi, nya kitu PANGERAN Nu Maha Agung pasti nyalametkeun umat-Na. Sarta sakabeh bangsa bakal ngamulyakeun ka Mantenna.

Link: