:

Yesaya 62

1

Kaula rek ngomong, ngahatean Yerusalem. Moal waka repeh nepi ka eta kota bisa kajait, sarta kaunggulanana ngagebur lir obor waktu peuting.

2

Eh Yerusalem, kajayaan maneh bakal tembong deui ka bangsa-bangsa. Kamulyaan maneh bakal katembong ku raja-raja. Maneh bakal nyandang ngaran anyar, ti PANGERAN ku manten.

3

Maneh pijadieun makuta endah kagungan PANGERAN.

4

Moal disarebut deui "Nu tiiseun", tanah maneh moal disarebut deui "Pamajikan nu geus ditoker". Ngaran maneh anu anyar nya eta: "Anu diasih ku Allah". Tanah maneh ngaranna "Nu ditikah". Sabab maneh diasih ku PANGERAN, nu jadi minangka salaki tanah maneh.

5

Lir lanjang ditikah ku budak bujang, maneh bakal ditikah ku Mantenna, anu ngajadikeun maneh. Allah bakal mikaasih ka maneh, kawas panganten lalaki asih ka panganten awewe.

6

Eh Yerusalem, dina luhur kuta maneh geus aya anu karemit. Beurang peuting eta teh teu meunang repeh nunuhun ka PANGERAN, sangkan Mantenna emut kana sagala jangji-Na, sangkan ulah lali ka maranehna.

7

Kudu terus, tong eureun-eureun nunuhun, nepi ka Mantenna ngadegkeun deui Yerusalem, nepi ka Yerusalem jadi kota pamujian saalam dunya.

8

Kalawan enya-enya PANGERAN geus ikrar jangji. Demi kakawasaana-Na, jangji-Na tangtu dilaksanakeun: "Gandum maneh moal dihakan deui ku musuh, anggur maneh moal diinum deui ku bangsa lian.

9

Maneh anu melak, nu metik, nu ngadaharna, bari muji sukur ka PANGERAN. Melak anggur, maneh nu ngurus, nu metik buahna, jeung nginum anggurna di buruan Bait Kami."

10

Eh urang Yerusalem, geura kaluar ti kota! Nyieun jalan keur rahayat nu rek marulang! Jalanna sing rubak, batuna piceunan. Jeung kudu mere tangara, sangkan bangsa-bangsa nyarahoeun,

11

yen PANGERAN ngembarkeun ka sakuliah jagat: "Embarkeun! Eh Yerusalem, maneh tereh salamet. PANGERAN geus sumping nyandak umat-Na, anu ku Mantenna geus disalametkeun."

12

Maneh bakal disebut "Umat Allah anu suci". "Umat anu dijait ku PANGERAN". Yerusalem bakal disarebut "Kota kaasih Allah", "Kota nu moal ditilar ku Allah".

Link: