Yesaya 8
PANGERAN ngandika ka kaula, "Cokot sabak gede, tulisan sing baradag: ‘Gancang Ngajarahna, Rikat Rarampasna’.
Kudu disaksian ku dua jelema anu beunang dipercaya, nya eta ku Imam Uria jeung Imam Jakaria bin Yeberekya."
Heuleut rada lila ti harita, bojo kaula ngandung. Sanggeus ngajuru orokna lalaki. Dawuhan PANGERAN, "Budak teh ngaranan ‘Gancang-Ngajarahna-Rikat-Rarampasna’.
Sabab samemeh eta budak bisa nyebut ‘Ema’ jeung ‘Bapa’, kamuktian Damsik jeung barang jarahanana anu ti Samaria geus beak manten diakut ku raja Asur."
PANGERAN ngadawuh deui ka kaula.
Dawuhana-Na, "Ku sabab ieu bangsa geus nampik cai ti anak Walungan Siloah jeung geumpeur ku Raja Resin jeung ku Raja Pekah,
Kami, Pangeran, rek ngadatangkeun raja Asur jeung baladna narajang ka Yuda. Majuna bakal kacida gancangna kawas nyeotna Walungan Eprat ari keur caah nepi ka limpas.
Yuda sakuliahna bakal kacaahan ku baladna, kakeueum kabeh, jerona nepi ka semet taktak." Allah nyarengan ka urang! Jangjang Mantenna meber nangtayungan ka tanah urang!
Eh bangsa-bangsa, pek geura ngahariji bari pinuh ku kasieun! Eh maraneh nu jarauh, anu di tungtung jagat, darengekeun! Pek geura tatan-tatan perang, tapi bari sieun! Pek geura tarapti, tapi bari risi!
Pek geura susun maksud, da moal laksana. Pek geura ngaromong sakarepna da moal aya hasilna, lantaran kami disarengan ku Allah.
PANGERAN mepelingan ka kaula keras pisan, supaya kaula ulah milu make jalan anu keur diparake ku jalma rea. Dawuhana-Na,
"Ulah milu campur kana sagala maksud maranehna, jeung ulah sieun ku anu dipikasieun ku maranehna.
Masing inget, Kami teh PANGERAN Nu Maha Kawasa, nu suci. Ieu Kami anu kudu dipikasieun mah.
Ku sabab kasucian Kami hebat, Kami teh lir batu matak titajong jalma-jalma. Kami lir pitapak nu bakal nangkep jalma-jalma ti karajaan Yuda jeung Israil, jeung ti Yerusalem.
Loba anu bakal titajong ka Kami, bakal tingkudupung tuluy diluluh. Maranehna bakal beunang ku pitapak."
Eh murid-murid, cangreud ieu pangajaran anu ku Allah dipaparinkeun ka kaula, piara.
Kaula tetep percaya sarta muntangkeun harepan ka PANGERAN anu geus nyumput ti umat-Na.
Ieu kaula jeung barudak paparin PANGERAN anu calik di Gunung Sion, diutus ku Mantenna jadi timbalan anu ngabungkeuleuk pikeun urang Israil.
Tapi jalma-jalma ka maneh anggur nitah menta pituduh ka tukang nujum jeung tukang norah, anu osok kunyam-kunyem gegereyeman. Ceuk maranehna, "Pikeun kapentingan anu harirup memang kudu menta pituduh ka arwah-arwah, kudu menta pituduh ka nu geus paraeh."
Jawab ku maneh, "Ulah percaya ka tukang nujum, moal aya paedahna. Turut pangajaran ti PANGERAN."
Jalma-jalma bakal tingalapruk saluluar kota, ulatna maresum beuteungna lapar. Bawaning ku lapar jeung ambek, nepi ka nyarekan ka rajana jeung ka Allahna. Alak-ilik ka langit,
pencrang-pencrong kana taneuh, tapi nu katembong teh ngan kasusah jeung kasumpeg, mangsa nu poek pikasieuneun, sarta ka dinya maranehna bakal digiring. Taya jalan pikeun maraneh geusan luput ti eta mangsa, kasumpeg.