Yesaya 7
Waktu Raja Ahas putra Yotam putu Usia ngarajaan nagara Yuda, pecah perang. Resin raja nagara Siria jeung Pekah putra Remalya raja nagara Israil, nempuh ka Yerusalem. Tapi ieu kota teu kungsi beunang.
Barang raja Yuda dicariosan yen balad Siria geus aya di wilayah Israil kacida sieuneunana, rahayatna kitu keneh, mani tingdaregdeg kawas tangkal kaoyag angin.
PANGERAN ngadawuh ka Yesaya, "Tepungan Raja Ahas. Anak maneh Sear Yasub bawa. Engke bakal papanggih di tengah jalan anu jolna ka tempat tukang ngaput di tungtung kokocoran empang girang.
Sing gede hate kituh, ulah gedag, ulah rentag. Raja Resin jeung urang Siria kitu deui Raja Pekah anu keur amarah teh teu aya bahayana, ukur sakebul haseup tina dua regang suluh anu kaduruk.
Nagri Siria jeung nagri Israil katut raja-rajana geus sakait
rek nempuh nagri Yuda sarta rahayat Yuda rek digeretak sina biluk, engkena anakna, Tabeel, rek dijadikeun raja.
Tapi Kami, PANGERAN, nganyatakeun yen maksud maranehna moal hasil.
Naon sababna? Sabab kakuatan nagri Siria teu beda ti Damsik, ibu kotana. Ari kakuatan Damsik sarua jeung Raja Resin. Nya kitu deui nagri Israil, salila genep puluh lima taun moal mangrupa deui hiji bangsa lantaran kacida pabalencarna.
Kakuatan nagri Israil henteu leuwih ti Samaria ibu kotana; ari Samaria teu leuwih kuat ti Raja Pekah. Mun maneh teu percaya enya-enya, moal bisa tagen."
PANGERAN ngintun deui timbalan ka Ahas,
"Geura menta hiji tanda ka PANGERAN, Allah maneh, naha hayang tanda nu ti jero ti enggon anu paraeh, atawa ti luhur ti langit?"
Waler Ahas, "Kaula moal menta tanda. Kaula moal ngadoja ka PANGERAN."
Ari saur Yesaya, "Upami kitu dangukeun, nun terah Daud! Ngadoja kasabaran jalma matak awon ka salira. Komo bari ngadoja kasabaran Allah!
Ku margi kitu, Pangeran ku manten bade maparin tanda. Kieu: Hiji lanjang bakal bobot, seug ngowokeun putra pameget, dijenenganan Immanuel.
Sanggeus Anjeunna sawawa pikeun nyieun putusan ku anjeun, rahayat bakal ngarinum susu dalahar madu.
Malah samemeh eta buktos ge, dua nagri anu raja-rajana keur ngarentagkeun manah anjeun teh parantos karosong manten.
Anjeun sareng rahayat kitu deui putra-putu karajaan, ku PANGERAN bakal diterapan ku hiji kasukeran, langkung hebat ti batan anu kantos kajadian kapungkur-pungkur ti semet pecahna karajaan Israil sareng karajaan Yuda. Mantenna bade ngadatangkeun raja Asur.
Dina waktosna engke PANGERAN bakal niup surilit, tangara ka urang Mesir di seke-seke Walungan Nil nu pangtebihna, sina narapuk ka dieu sapertos laleur, sareng tangara ka urang Asur di tanahna, sina ka darieu lir nyiruan pindah.
Bakal narakleuk di lebak-lebak anu taringgul sareng di guha-guha cadas. Dungus-dungus parinuh, sampalan-sampalan kaeusian.
Dina waktosna Pangeran bade muruhan hiji tukang cukur ti peuntaseun Walungan Eprat, nya eta raja Asur. Rumbah sareng rambut anjeun ku eta bakal dikurud, dicukur lenang, bulu salira ge dikerik.
Dina mangsa eta, upami aya jurutani anu gaduh keneh sapi sanaos mung hiji, atanapi embe sanaos mung dua siki,
cisusuna bakal juuh, cekap pisan pikeun kaperluanana. Leres, jalmi-jalmi anu mung kantun saeutik di ieu tanah teh moal kirang susu sareng madu.
Dina mangsa eta, unggal kebon anggur anu ayeuna panglendona, anu ayeuna eusina masing-masing sarebu tangkal sarta satangkalna dugi ka pajeng sarebu uang perak, bakal katutup ku rungkun cucuk sareng jukut cucuk.
Jalmi-jalmi bakal tingalasruk ka dinya marawa gondewa sareng jamparing, ngaradon moro. Yaktos, nagara teh sakuliahna bakal pinuh ku rungkun cucuk sareng jukut cucuk.
Pasir-pasir anu ayeuna diparelakan, bakal rarembet ku cucuk, moal aya jalmi anu tiasa ngalanto ka dinya. Anu ka darinya mung sapi sareng domba, ngadon nyaratuan."