:

Yohanes 17

1

Sanggeus ngalahir kitu Yesus tanggah terus unjukan kieu, "Ama, waktosna parantos dongkap. Putra Ama mugi dipaparin kamulyaan, supados Putra matak mulya ka Ama.

2

Putra ku Ama parantos dipaparin kawasa ka sakumna manusa, dugi ka tiasa maparin hirup langgeng ka jalmi-jalmi anu ku Ama diserenkeun ka Putra.

3

Dupi hirup langgeng teh nya eta: Terang ka Ama, Allah sajati anu mung hiji, sareng ka utusan Ama, Yesus Kristus.

4

Kamulyaan Ama ku Abdi parantos dipencarkeun di bumi, padamelan ti Ama parantos beres dilampahkeun sadayana.

5

Ama! Mugi kamulyaan Abdi anu kapungkur, anu ayeuna aya di Ama dipaparinkeun deui, nya eta kamulyaan Abdi anu sami-sami jadi kamulyaan Ama ti memeh dunya dijadikeun.

6

Ama ku Abdi parantos diutarakeun ka jalmi-jalmi di dunya, anu ku Ama dipasihkeun ka Abdi. Maranehna kagungan Ama anu diserenkeun ka Abdi. Maranehna parantos narurut kana pangandika Ama,

7

parantos tarerangeun yen saniskanten anu katampi ku Abdi teh asalna ti Ama.

8

Pangandika Ama ku Abdi parantos diwurukkeun ka maranehna sareng ditarampi; maranehna parantos tarerangeun yen Abdi asal ti Ama, palercayaeun yen Ama anu ngutus.

9

Ayeuna Abdi mangnedakeun maranehna; sanes mangnedakeun dunya, nanging mangnedakeun jalmi-jalmi paparin ti Ama, kagungan Ama tea.

10

Sagala kagaduh Abdi kagungan Ama, sagala kagungan Ama kagaduh Abdi; Abdi parantos diagungkeun ku maranehna.

11

Dupi ayeuna Abdi sumeja dongkap ka Ama, di dunya moal lami deui. Nanging maranehna mah tetep di dunya. Ama Nu Suci! Mugi maranehna diraksa ku kakawasaan jenengan Ama, nya eta jenengan anu ku Ama dipaparinkeun ka Abdi, supados maranehna jadi sahiji sapertos Ama sareng Abdi sahiji.

12

Sapanjang disarengan keneh ku Abdi, maranehna aman ku Abdi dijagi nganggo kakawasaan jenengan Ama, jenengan anu ku Ama dipasihkeun ka Abdi. Maranehna ku Abdi dijagi, saurang ge teu aya nu ical, kajabi anu saurang, anu memang kedah ical, supados laksana nu kaungel dina Kitab Suci.

13

Ayeuna Abdi sumeja wangsul ka Ama. Perkawis ieu ku Abdi diunjukkeun sabot di dunya keneh, supados maranehna tiasa ngarasakeun sapinuhna rasa suka hate Abdi.

14

Maranehna parantos narampi pangandika Ama, dugi ka dipikageuleuh ku dunya, margi maranehna oge sapertos Abdi sanes gaduhna dunya.

15

Abdi moal nyuhunkeun supados maranehna oge dicandak ti dunya, mung supados ku Ama ditangtayungan ti si Jahat.

16

Sakumaha Abdi sanes gaduhna dunya, maranehna oge sanes gaduhna dunya.

17

Mugi maranehna dijadikeun kagungan Ama anu disahkeun ku kaestuan. Nya pangandika Ama kaestuan teh.

18

Maranehna ku Abdi diutus ka dunya sapertos Abdi diutus ku Ama ka ieu dunya.

19

Abdi ngabaktoskeun diri ka Ama, supados maranehna oge tiasa dibaktoskeun ka Ama, supados leres-leres jadi kagungan Ama.

20

Abdi sanes mung mangnedakeun maranehna bae, nanging mangnedakeun oge jalmi-jalmi anu bakal palercaya ka Abdi tina pangwawaran maranehna.

21

Mugi eta jalmi-jalmi oge didamel jadi sahiji. Ama! Mugi maranehna oge dikersakeun ngahiji ka Urang, sapertos Ama ngahiji ka Abdi, Abdi ngahiji ka Ama. Mugi maranehna dihijikeun, supados dunya percayaeun yen Ama parantos ngutus Abdi.

22

Maranehna parantos disina nyandang kamulyaan Abdi anu ti Ama tea, sina ngahiji sakumaha Abdi sareng Ama teh hiji:

23

Abdi ngahiji di maranehna, Ama ngahiji di Abdi, dugi ka maranehna sakumna jadi hiji, dugi ka dunya sina terangeun yen Ama parantos ngutus Abdi, sareng sina terangeun yen Ama mikaasih ka eta jalmi-jalmi sakumaha mikaasih ka Abdi.

24

Ama! Eta jalmi-jalmi ku Ama parantos dipaparinkeun ka Abdi. Kahoyong mah maranehna sing araya di tempat Abdi, sina naringal kamulyaan Abdi anu ti Ama tea, tawis mikaasih ka Abdi ti memeh dunya diadegkeun.

25

Nun Ama anu maha adil! Dunya teu terangeun ka Ama, dupi Abdi mah terang; jalmi-jalmi paparin Ama tea oge tarerangeun yen Ama anu ngutus Abdi.

26

Ama ku Abdi parantos dikenalkeun ka maranehna sareng bade dikenalkeun saterasna, supados kaasih Ama ka Abdi tumerap ka maranehna, supados Abdi oge tiasa ngahiji sareng maranehna."

Link: