:

Yohanes 18

1

Sanggeus ngucapkeun eta paneda, Yesus angkat jeung murid-murid, terus meuntasan Walungan Kidron. Di eta tempat aya hiji taman, sarta Yesus lebet ka dinya jeung murid-murid.

2

Yudas anu rek ngahianat nyahoeun ka eta tempat, sabab ku Yesus geus sering dicandak ka dinya jeung murid-murid.

3

Nu matak tuluy manehna nyusul ka dinya, mawa pasukan serdadu Rum jeung pangawal-pangawal Bait Allah, titahan imam-imam kapala jeung urang Parisi, marawa pakarang, lantera jeung obor.

4

Yesus anu geus uningaeun ti anggalna ku nu bakal tumiba ka salira-Na majeng nembongkeun anjeun, tuluy mariksa, "Maraneh nareangan saha?"

5

Walonna, "Neangan Yesus urang Nasaret." "Ieu Kami," saur Yesus. Yudas, si hianat tea aya nangtung jeung nu loba.

6

Barang Yesus ngalahir ‘Ieu Kami’, jalma-jalma mani malundur terus rarubuh kana taneuh.

7

Yesus mariksa deui, "Maraneh nareangan saha?" "Yesus urang Nasaret," walon maranehna.

8

Saur Yesus, "Ti tadi ge ceuk Kami ieu Kami. Upama enya anu ditareangan teh Kami, nu sejen ulah diganggu."

9

(Lahirana-Na kitu pikeun ngabuktikeun kasaurana-Na anu kieu tea: "Ama! Jalmi-jalmi paparin ti Ama ka Abdi teh pangesto teu aya nu ical.")

10

Simon Petrus anu mawa pedang nyabut pedangna, tuluy dikadekkeun ka hiji badega Imam Agung ngaran Malkus, rampung ceulina anu katuhu.

11

Yesus ngalahir ka Petrus, "Sarungkeun deui pedang maneh! Pangira maneh ieu lumur panganiayaan ti Ama Kami teh ku Kami moal diinum?"

12

Geus kitu serdadu-serdadu Rum, kapala pasukanana, jeung para pangawal urang Yahudi narangkep terus ngabarogod Yesus.

13

Yesus dibawa, tuluy ditembongkeun heula ka Anas, mertuana Kayapas. Ari Kayapas teh Imam Agung taun eta.

14

Kayapas kungsi nganasehatan ka para gegeden Yahudi yen leuwih hade paeh jalma saurang pikeun kasalametan sakumna bangsa.

15

Waktu Yesus dibawa, Simon Petrus nuturkeun jeung baturna saurang anu geus dikenal ku Imam Agung. Eta batur Petrus milu asup jeung Yesus ka buruan bumi Imam Agung,

16

ari Petrus eureun di lawang buruan. Geus kitu batur Petrus teh kaluar deui, nyarita ka awewe anu jaga lawang buruan, tuluy ngajak Petrus ka jero.

17

Eta awewe jaga lawang nanya ka Petrus, "Anjeun lain murid-Na jelema nu itu?" "Lain," walon Petrus.

18

Ku sabab tiris, gandek-gandek jeung para pangawal nyarieun pirunan, tuluy narangtung ngariung seuneu, saliduru. Petrus oge milu siduru.

19

Yesus dipariksa ku Imam Agung hal murid-murid-Na jeung pangajarana-Na.

20

Waler Yesus, "Kaula nyanggem ka saha-saha oge satarabasna. Pangajaran Kaula diwurukkeunana di imah-imah ibadah atanapi di Bait Allah tempat kempelna jalmi-jalmi. Nyanggemkeun naon-naon oge Kaula tara susulumputan.

21

Naha mariksakeun ka Kaula? Pariksakeun bae ka jalmi-jalmi anu sok ngarupingkeun Kaula, tangtos tarerangeun naon anu disanggemkeun ku Kaula."

22

Barang Yesus nyaurkeun kitu salah saurang pangawal di dinya terus nyabok ka Anjeunna bari ngomong, "Wani temen Maneh ngomong saperti kitu ka Imam Agung!"

23

Waler Yesus, "Lamun omongan Kami salah, coba terangkeun ka nu araya di dieu naon salahna. Tapi upama omongan Kami bener, ku naon maneh nyabok?"

24

Geus kitu Anjeunna ku Anas dikintunkeun ka Imam Agung Kayapas, dibarogod keneh.

25

Ari Petrus keur siduru keneh. Ku nu keur saliduru ditanya, "Ari anjeun lain murid jelema itu?" Petrus ngangles, "Lain!"

26

Ari ceuk hiji gandek Imam Agung barayana Malkus anu dikadek ceulina tea, "Naha lain anjeun anu ku kuring katenjo aya di taman jeung Yesus teh?"

27

"Lain," walon Petrus deui. Harita keneh kadenge hayam kongkorongok.

28

Isuk-isuk keneh pisan Yesus dibawa ti bumi Kayapas ka karaton gupernur. Tapi para gegeden Yahudi henteu arasup ka jero karaton, ngajaga dirina ulah jadi najis ceuk agama, supaya meunang milu ngadahar jamuan Paska.

29

Ku sabab kitu Pilatus kaluar nemonan, tuluy mariksa, "Naon perkarana eta jelema dibawa ka kami?"

30

Walon maranehna, "Upami teu jahat ge tangtos moal dibantun ka Juragan."

31

Saur Pilatus, "Uruskeun bae ku maraneh nurutkeun hukum maraneh." Walon maranehna, "Bangsa sim kuring teu diidinan ngajalankeun hukum pati."

32

(Pang kitu teh supaya laksana pilahir Yesus basa ngagambarkeun cara pipupuseuna-Na tea.)

33

Pilatus lebet deui ka karaton, Yesus disaur jeung terus dipariksa, "Anjeun teh Raja urang Yahudi?"

34

Waler Yesus, "Juragan mariksa kitu teh naha dumeh uninga ku anjeun atanapi aya anu ngawartosan?"

35

Waler Pilatus, "Na kaula teh urang Yahudi? Anjeun diserenkeun ka kaula teh ku bangsa sorangan jeung ku imam-imam kapala. Anjeun geus nyieun lampah naon?"

36

Waler Yesus, "Karajaan Kaula sanes ti dunya ieu. Upami karajaan Kaula ti ieu dunya, para panganut Kaula baris tarung ngabelaan, ulah dugi ka Kaula beunang ku gegeden-gegeden urang Yahudi. Sanes, karajaan Kaula sanes ti ieu dunya!"

37

Saur Pilatus, "Jadi enya Anjeun teh raja?" Waler Yesus, "Saur Juragan, Kaula teh raja. Tujuan Kaula medal sareng dongkap ka ieu dunya seja ngawurukkeun hal kaestuan. Jalmi anu dipimilik ku kaestuan tangtos daekeun ngupingkeun ka Kaula."

38

"Naon kaestuan teh?" Pilatus mariksa. Ti dinya Pilatus kaluar, tuluy ngalahir ka urang Yahudi, "Kami teu manggih lantaran pikeun ngahukum eta jalma.

39

Nurutkeun adat kabiasaan maraneh, saban-saban poe Paska kami salawasna sok ngabebaskeun salah saurang sakitan pikeun maraneh. Kumaha ayeuna kahayang maraneh, Raja urang Yahudi anu kudu dibebaskeun teh?"

40

"Ulah! Ulah Manehna! Hayang Barabas!" jawab maranehna tingjarerit. (Barabas teh penjahat.)

Link: