Yohanes 7
Ti dinya Yesus angkat, ngider di Galilea; Anjeunna teu kersaeun ka Yudea, sabab diarah ku gegeden-gegeden Yahudi rek ditelasan.
Harita geus deukeut kana waktu pesta anu disebut Pesta Saung Daun.
Ceuk saderek-saderek-Na ka Anjeunna, "Coba lunta ti dieu ka Yudea. Di ditu mah naon-naon anu dilampahkeun ku Anjeun tangtu katembong ku para panganut.
Moal aya jalma anu hayang kawentar nyumputkeun gawena. Anjeun oge, sing katembong ku saalam dunya atuh eta gawe Anjeun kitu teh!"
(Saderek-saderek-Na oge teu palercayaeun ka Anjeunna teh.)
Waler Yesus, "Ayeuna mah tacan waktuna. Keur aranjeun mah memang bisa unggal waktu.
Ka aranjeun mah mustahil dunya ngewaeun. Ari ka Kami mah dunya teh ngewaeun, lantaran Kami terus-terusan nyebutkeun jahat kalakuanana.
Pek bae aranjeun rek indit kana pesta mah, Kami mah moal, tacan waktuna."
Kitu saur Yesus ka saderek-saderek-Na, Anjeunna mah tetep di Galilea.
Tapi sanggeus saderek-saderek-Na arindit, Yesus oge angkat kana eta pesta; rerencepan bae henteu terang-terangan.
Gegeden-gegeden urang Yahudi, pada nareangan Anjeunna, bari ngaromong, "Di mana eta jelema teh?"
Jalma-jalma loba anu tingharewos ngaromongkeun Anjeunna, pokna, "Jalmi hade Anjeunna teh." Ceuk nu sawareh deui, "Lain, malah nyasabkeun rahayat."
Ngaromongna teu waranieun terang-terangan, sarieuneun ku gegeden-gegeden Yahudi.
Tengah-tengah pesta Yesus lebet ka Bait Allah tuluy ngawulang.
Gegeden-gegeden kacida hareraneunana, tuluy ngaromong kieu, "Geuning rea kanyaho-Na, lain teu diajar naon-naon Manehna teh?"
Yesus ngawaler, "Ieu pangajaran lain pangajaran ti Kaula pribadi, tapi ti Allah anu ngutus Kaula.
Anu daek ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal ngartieun, nu diucapkeun ku Kaula teh naha ti Allah atawa ti Kaula sorangan.
Anu ngajarkeun pangartina sorangan, tangtu ngarah pamuji keur dirina sorangan. Sabalikna anu mikahayang supaya anu dimulyakeun teh anu ngutusna, eta jelema jujur, taya kapalsuanana.
Aranjeun ku Musa dibere Hukum Allah, tapi aranjeun saurang ge teu aya nu nurut! Ku naon Kaula ku aranjeun rek dipaehan?"
"Boa Anjeun teh kasurupan!" ceuk jalma rea. "Saha anu rek maehan ka Anjeun teh?"
Waler Yesus, "Kaula nyieun hiji kaajaiban dina poe Sabat, aranjeun heran.
Musa marentahkeun supaya aranjeun nyunatan anak lalaki (sanajan sunat teh mimitina ti karuhun, lain ti Musa). Ku sabab aya parentah kitu, aranjeun nyunatan, sanajan dina poe Sabat.
Pangna maraneh nepi ka nyunatan dina poe Sabat teh supaya henteu ngarempak Hukum Musa tina hal sunat. Ku sabab kitu ku naon arambek dumeh Kami nyageurkeun sakujur awak hiji jelema dina poe Sabat?
Ulah ngahukum make dasar bukti lahirna, kudu make dasar kaadilan."
Aya sawatara urang Yerusalem ngaromong kieu, "Lain rek dipaehan ku para gegeden Anjeunna teh?
Itu geuning keur sasauran ka jalma rea, para gegeden teu majar kumaha! Naha pedah aruningaeun yen Anjeunna enya Kristus?
Tapi kapan Kristus mah moal aya anu nyaho ti mana sumping-Na. Ari Anjeunna mah tetela ti mana asalna."
Waktu Yesus ngawulang di Bait Allah, kieu saur-Na, "Enya maraneh teh nyaraho ka Kami jeung ti mana asal Kami? Kami datang teh lain kahayang sorangan, aya anu ngutus. Anu ngutusna maha saestu. Maraneh teu nyaraho ka Mantenna,
ari Kami mah nyaho, sabab asal ti Mantenna, anu ngutus."
Jalma-jalma teh karepna mah harita rek nyerek ka Anjeunna, tapi teu aya anu wanieun, kawantu tacan nepi kana wanci Anjeunna.
Tapi loba oge anu palercayaeun ka Anjeunna teh, aromongna, "Lamun Kristus sumping, naha iasaeun nyieun kaajaiban leuwih ti ieu jelema?"
Urang Parisi nyarahoeun yen jalma-jalma tingharewos kitu perkara Yesus, tuluy maranehna jeung imam-imam kapala, ngirim sababaraha urang pangawal Bait Allah pikeun nangkep Yesus.
Saur Yesus, "Kami aya di maraneh teh moal lila. Sakeudeung deui oge Kami kudu mulang ka anu ngutus.
Ku maraneh ditareangan oge moal kapanggih, sabab maraneh moal bisa nepi ka tempat Kami."
Para gegeden Yahudi ngaromong pada batur, "Rek indit ka mana Manehna nepi ka moal kapanggih ku urang teh? Rek ka kota-kota di Yunani nu aya bangsa Yahudina, terus ngajar ka urang Yunani?
Carek-Na najan ditareangan oge ku urang moal kapanggih, jeung urang moal bisa nepi ka tempat-Na. Naon maksud-Na?"
Dina panutupan pesta, poe anu pangpentingna, Yesus ngadeg tuluy ngalahir tarik, "Saha-saha nu halabhab, hiap ka Kami nginum!
Sakumaha ceuk Kitab Suci, ‘Anu percaya ka Kami, bakal boga cinyusu sumber hirup ngaburial di jero hatena.’"
Anu dimaksud ku Anjeunna nya eta Roh Allah, anu bakal katarima ku sakur anu percaya ka Anjeunna. Harita Roh Allah teh tacan dipaparinkeun, sabab Yesus tacan dimulyakeun.
Ti anu ngabarandungan pilahir-Na aya anu ngaromong kieu, "Anjeunna pasti Nabi anu keur didago-dago tea!"
Ceuk nu sejen, "Anjeunna tangtu Kristus!" Ceuk nu sejen deui, "Kristus mah datangna moal ti Galilea.
Ceuk Kitab Suci, Kristus teh turunan Raja Daud, medalna di Betlehem, kota pangcalikan Daud."
Jalma-jalma jadi pasalia paham perkara Anjeunna.
Aya oge anu harayangeun nyerek ka Anjeunna, tapi teu aya anu wanieun nyekel-nyekel acan.
Anu dititah nangkep Yesus geus baralik. "Mana eta jelema teh, ku naon teu dibawa?" ceuk imam-imam jeung urang Parisi.
"Jalmi biasa mah moal tiasa ngalahir kitu sapertos Anjeunna," walonna.
"Kutan maraneh oge kagendam?" ceuk urang Parisi.
"Na aya ti lebah kami, para gegeden atawa urang Parisi, anu ku maraneh kanyahoan percaya ka eta jelema?
Jalma-jalma nu kaolo ku Manehna tandaning teu nyaraho kana Hukum Musa, geus tangtu bakal disapa ku Allah!"
Di antara eta urang Parisi aya Nikodemus, urang Parisi anu kungsi datang ka Yesus tea, ngomong ka batur-baturna,
"Nurutkeun Hukum Agama urang, jelema ulah waka dihukuman samemeh didenge heula kateranganana jeung dipariksa kalakuanana."
"Ari kitu," ceuk maranehna, "anjeun oge urang Galilea? Coba pariksa Kitab Suci, tangtu kanyahoan yen taya nabi anu asalna ti Galilea."
[Sanggeus masing-masing baralik,