Yohanes 8
Yesus terus angkat ka Gunung Jetun.
Isukna isuk-isuk keneh geus di Bait Allah. Jelema-jelema tuluy daratang, Yesus calik tuluy ngawulang.
Sabot kitu aya guru-guru agama jeung urang Parisi mawa hiji awewe anu kacerek keur jinah.
Eta awewe ditangtungkeun hareupeun sarerea. "Guru," ceuk maranehna, "ieu awewe katangkep keur jinah.
Awewe kitu nurutkeun Hukum Musa kudu dipaehan, dibaledogan ku batu. Kumaha ari ceuk Pa Guru?"
Maranehna saenyana ngadoja, ngarah kalepatan Anjeunna. Tapi Anjeunna anggur dongko, curat-coret dina taneuh ku rema-Na.
Maranehna maksa marenta diwaler. Yesus cengkat ajeg, tuluy ngalahir, "Saha anu teu boga dosa, nu mana bae, pek maledog pangheulana ka eta awewe."
Anjeunna dongko deui curat-coret dina taneuh kawas tadi.
Diwaler kitu jelema-jelema anu ngadaroja teh tingkolesed saurang-saurang, nungtutan ti nu kolotan heula, ahirna ngan kari Yesus jeung awewe tea.
Yesus cengkat tuluy ngalahir, "Ka marana maranehna? Euweuh anu ngahukum ka maneh?"
"Sumuhun teu aya, Juragan," walonna. "Kami oge moal ngahukum," saur Yesus, "jig geura mulang, tapi ulah deui-deui nyieun dosa."]
Yesus sasauran deui ka urang Parisi, saur-Na, "Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poek, sabab ngabogaan caang kahirupan."
Ari ceuk urang Parisi, "Kaayaan Anjeun kitu henteu bisa dipercaya, sabab diterangkeunana ku Anjeun keneh."
Waler Yesus, "Najan Kaula keneh anu nerangkeunana, tapi sah benerna, sabab Kaula terang kana asal jeung pangbalikan sorangan. Aranjeun mah henteu terang Kaula asal ti mana jeung kudu mulang ka mana.
Aranjeun ngahukuman teh nurutkeun patokan manusa, ari Kaula mah moal ngahukum ka saha-saha.
Tapi upama Kaula kudu ngahukuman tangtu adil, sabab ngahukumanana henteu sorangan, tapi disarengan ku Rama, anu ngutus Kaula.
Dina Hukum Musa disebutkeun, yen katerangan ti dua saksi tangtu bener.
Kaula mere katerangan perkara diri Kaula, saksina Kaula pribadi jeung Rama Kaula, anu ngutus."
"Mana Rama Anjeun?" ceuk maranehna. "Aranjeun teu terang ka Kaula, teu terang ka Rama Kaula," waler Yesus. "Lamun aranjeun terang ka Kaula, ka Rama Kaula oge tangtu terang."
Yesus ngalahir kitu teh waktu anjeunna ngawulang di Bait Allah, di kamar paranti neundeun peti-peti duit derma. Saurang ge teu aya anu wanieun nangkep ka Anjeunna, sabab tacan nepi kana waktuna.
Yesus ngalahir deui, "Upama Kaula geus mulang, ku aranjeun bakal ditareangan, tapi moal kapanggih sabab aranjeun moal bisa ka tempat Kaula, bakal maraot ku dosa sorangan."
Ceuk para gegeden Yahudi, "Carek-Na urang moal nepi ka tempat anu ku Manehna rek dijugjug. Na rek maehan maneh kitu eta teh?"
Pilahir Yesus, "Aranjeun asal ti handap, ti ieu dunya. Ari Kaula mah asal ti luhur. Aranjeun asal ti dunya, Kaula mah lain ti ieu dunya.
Anu matak ceuk Kaula tadi aranjeun bakal maraot dina dosa. Tangtu aranjeun teh bakal maraot dina dosa, lamun teu palercaya yen ‘Kami teh Anu Jumeneng’."
"Saha kitu Anjeun teh?" ceuk maranehna. Waler Yesus, "Ongkoh geus dibejakeun ku Kaula ti mimiti keneh.
Loba piomongeun Kaula perkara aranjeun jeung perkara pihukumeun aranjeun teh. Tapi Mantenna, anu ngutus Kaula, maha saestu, sarta anu ku Kaula diomongkeun ka dunya teh nya eta anu ku Kaula kadenge ti Mantenna."
Anu dimaksad ku Anjeunna nya eta Rama, Allah. Tapi ku maranehna teu kahartieun.
Saur Yesus deui, "Aranjeun kakara bakal terang yen ‘Kaula teh Anu Jumeneng’, lamun Putra Manusa ku aranjeun geus dijungjung ka luhur. Lamun geus kitu, kakara aranjeun terang yen saucap-ucap Kaula estu numutkeun timbalan Rama, Kaula pribadi teu kawasa kana karep sorangan.
Ku sabab kitu Kaula salawasna disarengan bae ku Mantenna anu ngutus. Kaula ku Mantenna tara dikantun, sabab salawasna nyieun anu kamanah ku Mantenna."
Loba anu palercaya kana sagala pilahir Yesus harita.
Yesus ngalahir ka anu geus palercaya, saur-Na, "Lamun maraneh nurut kana piwuruk Kami, bener maraneh teh murid-murid Kami,
sarta bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun."
Walon jalma-jalma, "Kaula kabeh turunan Ibrahim, tacan nepi ka ngawula ka saha-saha. Naon maksudna kecap, ‘maraneh bakal dibebaskeun’?"
Waler Yesus, "Kieu saenyana: Sing saha anu migawe dosa, ngawula kana dosa.
Jalma kumawula lain anggota kulawarga anu tetep; anggota kulawarga anu tetep mah anak anu boga imah.
Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.
Kami nyaho maraneh anak-anak Ibrahim. Tapi maraneh rek maehan ka Kami, lantaran arembung narima piwuruk Kami.
Kami ngomongkeun perkara anu geus ditembongkeun ku Rama Kami, ari maraneh mah ngalakonan nu diajarkeun ku bapa maraneh."
"Rama kaula mah Ibrahim," walon jalma-jalma. Waler Yesus, "Lamun enya maraneh putra-putra Ibrahim, tangtu nulad kana lampah anjeunna.
Tapi maraneh mah anggur rek maehan ka Kami, dumeh Kami ngomongkeun hal anu saenyana, anu ku Kami kadenge ti pangersa Allah. Padahal Ibrahim mah henteu cara maraneh.
Anu diturut ku maraneh mah kalakuan bapa maraneh." "Rama kaula taya deui lian ti Allah. Kaula kabeh putra-Na ku manten," walon jalma-jalma.
Pilahir Yesus, "Lamun enya Rama maraneh teh Allah, tangtu nyaraah ka Kami, sabab Kami asal ti Allah. Tah ieu Kami, datang teh lantaran diutus ku Mantenna, lain datang karep sorangan.
Ku naon nu matak maraneh teu ngarti ka anu dicaturkeun ku Kami? Sababna lantaran maraneh teu tahan ngadenge piwuruk Kami.
Saenyana maraneh teh anak Iblis, anu ditarurut oge kahayang Iblis, bapa maraneh. Ti mimiti keneh oge Iblis geus jadi tukang maehan, tara mihak ka nu bener, lantaran teu kaancikan ku sipat bener. Ana Iblis bohong, memang geus bakatna tukang bohong, bapana sagala bohong.
Tapi Kami mah ngomongkeun anu saenyana, sarta nya eta sababna pangna maraneh teu percaya ka Kami.
Cik ti maraneh, saha anu bisa ngabuktikeun yen Kami boga dosa? Anu diomongkeun ku Kami kabeh saestuna, ku naon teu dipercaya?
Ari maraneh asal ti Allah mah tangtu nurut kana sagala timbalana-Na. Lain ti Allah maraneh mah! Eta sababna pangna maraneh arembung percaya oge."
Walon jalma-jalma, "Lain bener sakumaha ceuk kaula yen, Anjeun teh urang Samaria, jeung kaasupan setan?"
"Kami henteu kaasupan setan," waler Yesus. "Kami hormat ka Rama, ku maraneh dihina.
Kami henteu nyiar kahormatan sorangan. Aya Hiji anu ngusahakeun kahormatan Kami jeung bakal ngabela.
Sing saha anu nurut kana piwuruk Kami, salalawasna moal paeh. Sing percaya!"
Walon jalma-jalma, "Nyaho ayeuna mah, tetela Anjeun teh kaasupan setan! Make nyebutkeun, ‘Anu nurut kana piwuruk Kami salalawasna moal paeh’, geuning Ibrahim pupus, nabi-nabi parupus.
Rama kaula, Ibrahim pupus, nabi-nabi pon kitu deui, parupus. Rek ngaku leuwih punjul ti batan Ibrahim Anjeun teh? Cik, saha kitu ari Anjeun pangrasa teh?"
Waler Yesus, "Lamun Kami ngagungkeun diri sorangan memang taya hartina. Tapi anu ngagungkeun Kami teh Rama Kami, anu ceuk maraneh Allah maraneh.
Maraneh teu nyaraho ka Mantenna, ari Kami mah nyaho. Nu matak lamun Kami nyebut teu nyaho ka Mantenna, eta kakara bohong, cara maraneh. Tapi Kami teh nyaho jeung nurut kana timbalana-Na.
Bapa maraneh, Ibrahim, basa uningaeun yen bakal ningali poean Kami datang ka dunya, manahna geus suka. Ayeuna, sanggeus hal eta kajadian, manahna kacida sukaeunana."
Ceuk urang Yahudi, "Na Anjeun geus nenjo Ibrahim? Umur Anjeun can aya lima puluh taun!"
Waler Yesus, "Saenyana, memeh Ibrahim dijurukeun, Kami geus jumeneng."
Tungtungna top bae maranehna marulung batu rek maledogan ka Anjeunna, tapi Anjeunna ngereles kaluar ti Bait Allah.