Yohanes 9
Sabot keur angkat, Yesus ningali jalma lolong ti barang lahir.
Murid-murid naranya ka Anjeunna, "Pa Guru, dosa saha dugi ka eta jalmi teh lolong bawa ngajadi? Dosana sorangan atanapi dosa kolotna?"
Waler Yesus, "Lolongna lain ku karana dosana sorangan atawa dosa kolotna, tapi supaya jalma-jalma narenjo kakawasaan Allah barangdamel dina diri manehna.
Meungpeung beurang keneh urang kudu ngalampahkeun gawe ti Mantenna, anu ngutus Kami. Ti peuting mah moal aya nu bisa baranggawe.
Ari Kami, sapanjang di dunya keneh, Kami teh caangna alam dunya."
Sanggeus ngalahir kitu Anjeunna ngaludah kana taneuh, ludah-Na digaley jeung taneuh nepi ka jadi leutak, terus dipopokkeun kana panon eta nu lolong,
sarta kieu saur-Na, "Ka ditu maneh sibeungeut ka Kulah Siloam!" (Siloam hartina "Diutus".) Nu lolong teh indit tuluy sibeungeut, ari datang deui geus nenjo.
Tatangga-tatanggana jeung anu sok narenjo manehna musapir tingtaranya, "Lain anu sok diuk baramaen tea eta jelema teh?"
"Enya," ceuk sawareh. Tapi ceuk nu sawareh deui, "Lain, eta mah anu sakarupa." Ari ceuk jelemana sorangan, "Enya, ieu kuring!"
"Geuning eta bisa nenjo, kumaha?" ceuk anu naranyakeun.
Walonna, "Panon kuring dipopokan leutak ku jalmi anu jenenganana Yesus, tuluy dipiwarang sibeungeut ka Kulah Siloam. Kuring nurut, ari sibeungeut ari bray bisa ningal."
"Mana ayeuna jelemana?" maranehna naranya. "Duka, teu terang," walonna.
Eta jelema anu asalna lolong tuluy dibarawa ka urang Parisi.
Yesus ngadamel popok leutak pikeun nyageurkeun eta jelema teh dina poe Sabat.
Eta jelema ku urang Parisi dipariksa ku naon pangna jadi bisa nenjo. Walonna, "Ku Anjeunna panon abdi dipopokan ku leutak, abdi teras sibeungeut, ayeuna tiasa ningal."
Ceuk sawareh urang Parisi, "Mustahil jelema kitu utusan Allah, geuning henteu tunduk kana aturan Sabat!" Ceuk urang Parisi sawareh deui, "Tapi piraku jelema dosa mah bisaeun nyieun kaajaiban sarupa kitu!" Tungtungna maranehna jadi pabentar.
Ku sabab kitu urang Parisi teh nanya deui ka eta jelema, "Maneh geus ngaku dicageurkeun ku eta jelema, cik, kumaha anggapan maneh ka eta jelema?" "Anjeunna nabi," walonna.
Tapi gegeden-gegeden urang Yahudi arembungeun percaya yen eta jelema teh asalna lolong, nepi ka tuluy nyalukan indung bapana,
tuluy dipariksa, "Bener eta anak maneh? Pajar lolong ti barang dijurukeun, geuning bisaeun nenjo, kumaha?"
Jawab kolotna, "Sumuhun, eta teh pun anak, sareng leres parantos lolong ti barang lahir.
Nanging halna tiasa ningal mah duka teu terang, saha anu nyageurkeunana, sami keneh teu terang. Sae pariksa jinisna bae da parantos baleg, tangtos tiasaeun nerangkeun."
Ngajawab kitu soteh awahing ku sieun, lantaran para gegeden teh geus samupakat, lamun aya jelema anu percaya yen Yesus teh Kristus, baris dihukum, teu meunang asup ka imah ibadah.
Anu matak ngajawabna teh, "Sae pariksa jinisna bae da parantos baleg!"
Seug jelema anu asalna lolong teh dicalukan deui, tuluy diancam kieu, "Maneh kudu sumpah demi Allah baris ngomong bener! Kami nyaho, jelema anu nyageurkeun maneh teh jelema dosa."
"Anjeunna jalmi dosa atanapi sanes, abdi teu terang," walonna. "Terang soteh abdi tadina lolong, ayeuna parantos tiasa ningal."
"Dikumahakeun ku itu teh?" gegeden mariksa deui. "Kumaha nyageurkeunana ka maneh?"
"Ongkoh ku abdi parantos disanggemkeun, mung Juragan-juragan teu kalersa ngadangu. Ku naon haroyong ngadangu deui? Haroyong jadi murid Anjeunna kitu Juragan-juragan oge?" walonna.
Para gegeden arambek tuluy nyarekan pokna, "Nya maneh murid-Na! Kami mah murid Musa.
Ka Musa Allah teh enya nimbalan, kami nyaho. Ari ka eta jelema mah kami teu nyaho-nyaho acan ti mana asal-Na!"
Walon eta jelema, "Aneh! Dugi ka teu aruninga ka asal Anjeunna, padahal Anjeunna teh parantos nyageurkeun abdi tina lolong!
Urang sadaya terang, Allah moal ngadangu ka jalmi doraka; anu didangu teh jalmi anu ajrih ka Mantenna sareng ngalampahkeun sagala pangersa-Na.
Ti barang dunya ngadeg teu acan aya jalmi anu tiasa ngabeuntakeun jalmi lolong.
Jalmi sanes asal ti Allah mah pamohalan tiasa midamel kitu."
Walon para gegeden, "Naon? Si gede dosa ti barang borojol! Arek mapatahan ka kami?" Ti semet harita eta jelema teh dilarang asup ka imah ibadah.
Kajadian kitu ka eta jelema kadangu ku Yesus, jelemana ku Anjeunna tuluy dipendakan, seug dipariksa, "Kumaha maneh percaya ka Putra Manusa?"
Walonna, "Saha Anjeunna teh, Juragan? Mangga carioskeun supados abdi percanten ka Anjeunna."
Pilahir Yesus, "Maneh geus papanggih jeung Anjeunna, ongkoh ieu keur cacarita jeung maneh."
"Gusti, abdi percanten!" walonna bari terus sideku payuneun Yesus.
Pilahir Yesus, "Kami datang ka dunya teh rek nerapkeun hukum, supaya anu lalolong barisa nenjo, anu narenjo sina lalolong."
Di dinya aya sawatara urang Parisi, ngadarengeeun kana pilahir Anjeunna, tuluy naranya, "Maksud Anjeun kaula oge kabeh lalolong?"
Waler Yesus, "Upama aranjeun lolong, tandaning teu boga dosa. Tapi ku sabab ngakukeun barisa nenjo, tetela aranjeun masih keneh dosa."