:

Yosua 1

1

Sanggeus Musa, abdi Allah tea pupus, PANGERAN nimbalan ka pangbantuna Musa, nya eta Yosua putra Nun.

2

Timbalana-Na, "Musa abdi Kami geus tilar dunya. Ayeuna maneh katut bangsa Israil geura tarapti meuntasan Walungan Yordan, geusan asup ka tanah anu ku Kami rek dibikeun ka maranehna tea.

3

Kami geus nyarita ka Musa, yen tanah anu rek disorang teh sagemblengna geus dipasrahkeun ka maneh jeung ka saumat Kami.

4

Legana eta tanah, ti kidul mimiti ti gurun keusik terus ka kaler nepi ka Pagunungan Libanon, ti wetan ti semet walungan gede Walungan Eprat parat ka tanah Het terus ka kulon nepi ka Laut Tengah.

5

Yosua, saumur-umur ge ka maneh hamo aya nu kuat. Kami rek ngaping ka maneh sakumaha ka Musa. Sapapanjangna moal ninggalkeun.

6

Sing teteg, sing yakin, karana saupama ieu umat Kami geus maratuh di eta tanah nu ku Kami geus dijangjikeun ka karuhun-karuhunna, nya maneh anu baris jadi pamingpinna.

7

Ku sabab eta sing teteg, sing yakin; jeung masing satia ka sakabeh Hukum anu dibikeun ka maneh ku Musa, abdi Kami tea. Sarupa ge ulah aya nu dilalaworakeun, tan wande maneh baris hasil ngajugjug ka mana bae oge.

8

Karepkeun yen maneh rek maca eta kitab Hukum salawasna dina ngajalankeun ibadah. Ulik beurang peuting, tiginkeun sakumaha anu ditulis di dinya. Upama kitu hirup maneh tan wande senang sarta hasil.

9

Sing inget timbalan Kami ka maneh, masing teteg sarta yakin! Ulah sieun atawa leutik hate, sabab Kami, PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan."

10

Ti dinya Yosua miwarangan para pamingpin sina ka pakemahan, sangkan marentahkeun jalma-jalma,

11

"Geura saradia dahareun keur bekel, sabab tilu poe deui maraneh kudu meuntasan Walungan Yordan, baris maratuh di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh."

12

Yosua sasauran ka kaom Rubin, kaom Gad jeung ka satengahna kaom Menase,

13

"Inget, Musa abdi PANGERAN geus nyaurkeun ka maraneh yen ieu tanah wetaneun Walungan Yordan baris dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, pikeun tempat tinggal maraneh.

14

Bojo-bojo maraneh, anak-anak maraneh, jeung ingon-ingon tetep di darieu, ari balad-balad kudu samakta pakarang, sina mareuntas ti heula sangkan bisa ngabantu papada urang Israil deui,

15

nepi ka bisa ngajabel tanah kuloneun Walungan Yordan anu geus dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh ka maranehna. Saupama Mantenna geus maparin kaamanan ka sakumna kaom Israil, kakara maraneh meunang baralik deui ka dieu baris maratuh di tanah sorangan di wetaneun Walungan Yordan, anu geus dipaparinkeun ka maraneh ku Musa, abdi PANGERAN."

16

Jawab maranehna ka Yosua, "Sadaya pisaur anjeun tan wande dijalankeun. Dipiwarang ka mana bae ge sayagi.

17

Sadaya sumeja tunduk ka anjeun sapapanjangna, sakumaha ka Musa. Mugia PANGERAN Allah nyarengan ka anjeun sakumaha ka Musa!

18

Sing saha anu ngalawan kana kakawasaan anjeun atanapi wangkelang kana parentah, baris dipaehan. Sing percanten, teu kedah salempang!"

Link: