:

Pamindo 34

1

Ti dinya Musa angkat, ti padataran Moab nanjak ka Gunung Nebo, unggah ka puncak Gunung Pisga wetaneun Yeriho. Ti belah dinya, sakuliah tanah tea ku PANGERAN ditembongkeun ka anjeunna, nya eta wewengkon tanah Gilad anu terus ka kaler nepi ka kota Dan;

2

sakuliah wewengkon Naptali; wewengkon Epraim jeung wewengkon Menase; wewengkon Yuda anu terus ka kulon nepi ka basisir Laut Tengah;

3

bagian pakidulan Yuda; kitu deui tanah lempar ti semet Soar nepi ka Yeriho, dayeuh anu pinuh ku tangkal korma.

4

Ngandika PANGERAN ka Musa, "Tah eta tanah anu dijangjikeun ku Kami teh, anu diikrarkeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, ajang turunan-turunanana. Eta ku Kami ditembongkeun ka maneh, tapi Kami moal ngidinan maneh ka ditu."

5

Sanggeus kitu Musa abdi PANGERAN puput nyawa di tanah Moab, sakumaha anu geus ditimbalkeun ku PANGERAN.

6

Ku PANGERAN dikurebkeun di hiji lebak di tanah Moab, palebah dayeuh Bet Peor. Tapi nepi ka kiwari ge pajaratanana mah taya anu terangeun.

7

Musa pupus dina yuswa saratus dua puluh taun, salirana cangker keneh, socana awas keneh.

8

Meunang tilu puluh poe anjeunna dicaleungceurikan ku sakumna bangsa Israil di tanah datar Moab.

9

Ari Yosua putra Nun, gaganti Musa, binangkit sarta binekas, sabab ku Musa geus diberkahan. Urang Israil narurut ka Yosua. Sagala papakon PANGERAN anu diwurukkeun ku Musa tea diarestokeun.

10

Di Israil tacan aya nabi anu saperti Musa, anu dicandak sasauran papayun-payun ku PANGERAN.

11

Taya deui nabi anu ku PANGERAN dipaparin kawasa ngayakeun mujijat-mujijat jeung kaahengan-kaahengan, saperti anu diterapkeun ku Musa ka raja Mesir katut para gegedenna jeung ka sakuliah nagarana.

12

Taya deui nabi anu bisa ngayakeun kajadian-kajadian anu sakitu hebatna, saperti anu dijalankeun ku Musa kalawan kasaksian ku urang Israil.

Link: