:

Yosua 18

1

Sanggeus nalukkeun tanah anu dijangjikeun ku PANGERAN tea, sakabeh urang Israil kumpul di Silo, tuluy masangkeun Kemah Tepangan PANGERAN.

2

Aya keneh tujuh kaom Israil anu can dibagianan tanah.

3

Ku sabab eta kieu saur Yosua ka urang Israil, "Rek nepi ka iraha maraneh nunggu teh, lain geura cokot eta tanah maraneh anu geus dipaparinkeun ku PANGERAN, Allah karuhun maraneh teh!

4

Ayeuna Bapa menta jelema ti saban kaom tilu urang. Ku Bapa rek dititah ka ditu, sina mariksa eta tanah sakurilingna, nyatet-nyatetkeun wewengkon pimilikeunana. Mun geus anggeus, ka darieu deui ka Bapa.

5

Eta tanah ku Bapa rek dibagi tujuh. Kaom Yuda tetep ngenggonan wewengkon beulah kidul, kaom Yusup tetep ngenggonan wewengkon beulah kaler.

6

Jieun gambarna eta tanah anu dibagi tujuh teh, ka Bapakeun. Engke ku Bapa dilotrekeun keur maraneh, nurutkeun pituduh PANGERAN Allah urang.

7

Ngan ari kaom Lewi mah moal dibere bagian ti dinya, lantaran bagian maranehna mah kapan ngawulaan PANGERAN, jaradi imam. Kitu deui kaom Gad, kaom Rubin jeung kaom Menase anu saparo, eta mah geus baroga di wetaneun Walungan Yordan, paparin ti Musa abdi PANGERAN tea."

8

Bral anu dipiwarang teh arindit rek nyatet-nyatetkeun tanah tea, mawa parentah Yosua anu ungelna, "Pariksa sakuliahna eta tanah, wawatesanana gambar, tuluy ka Bapa deui. Engke di dieu, di Silo, ku Bapa dibagi-bagi keur maraneh, urang naros heula ka PANGERAN ku jalan dilotre."

9

Seug eta tanah teh ku maranehna dipariksa sakuliahna, dipecah dijieun tujuh bagian, terus dicatet-catetkeun, kota-kotana didaptarkeun. Geus beres kabeh tuluy baralik deui ka Yosua di pakemahan di Silo.

10

Prak ku Yosua dilotre, pikeun nganyahokeun pituduh PANGERAN. Geus kitu kaom-kaom Israil anu can mareunang tanah teh dibere bagian masing-masing.

11

Bagian pikeun warga kaom Binyamin, kalotre pangheulana. Perenah tanahna antara wewengkon kaom Yuda jeung wewengkon kaom Yusup.

12

Wawatesanana, beulah kaler mimiti ti Yordan, terus nanjak ka lamping gunung kalereun Yeriho, tuluy mipir pasir ka kulon nepi ka gurun keusik Bet Awen.

13

Ti dinya watesna terus ka lamping gunung gigireun Lus beulah kidul (anu katelah Betel), mudun ka Atarot Adar di gunung kiduleun Bet Horon Hilir.

14

Ti lebah dinya, mengkol ka kidul mimiti ti pipir eta gunung sisi kulon, terus ka Kiryat Baal (atawa Kiryat Yarim) wewengkon Yuda. Eta watesna beulah kulon.

15

Wates beulah kidul mimiti ti tungtung Kiryat Yarim terus ka sumber-sumber cai di Neptoa.

16

Ti dinya mudun ka suku gunung anu paeunteung-eunteung jeung tonggoheun Lebak Hinom di tungtung kulon Lebak Repaim. Ti dinya garis watesna teh ka kidul ngaliwatan Lebak Hinom kiduleun lamping-lamping gunung di tanah Yebus, terus nuju ka En Rogel.

17

Tuluy mengkol ka kaler ka En Semes, ti dinya tuluy ka Gelilot anu paeunteung-eunteung jeung Adumim. Ti dinya watesna mudun ka Cadas Bohan (Bohan teh anakna Rubin.),

18

terus ngaliwatan lamping gunung anu paeunteung-eunteung jeung Lebak Yordan. Ti dinya mudun ka eta lebak,

19

terus ngaliwatan lamping gunung Bet Hogla sisi kaler, eureun-eureun di Laut Paeh, di teluk beulah kaler, tempat ngamuarana Walungan Yordan. Eta wates beulah kidul.

20

Ari wates beulah wetan nya Walungan Yordan. Sakitu wawatesanana wewengkon tanah milik kulawarga-kulawarga kaom Binyamin.

21

Ari kota-kota anu kapimilik ku kaom Binyamin nya eta: Yeriho, Bet Hogla, Emek Kesis,

22

Bet Araba, Semaraim, Betel,

23

Awim, Parah, Opra,

24

Keparamoni, Opni jeung Geba; dua belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.

25

Jaba ti eta: Gibon, Ramah, Berot,

26

Mispa, Kapira, Mosa,

27

Rekem, Irpel, Tarala,

28

Sela, Haelep, Yebus (atawa Yerusalem), Gibea jeung Kiryat Yarim; opat belas kota katut desa-desa sakurilingeunana. Sakitu tanah milikna kulawarga-kulawarga kaom Binyamin.

Link: