:

Yosua 19

1

Bagian kadua lotrena ragrag ka warga kaom Simeon. Daerahna nyorok ka wewengkon kaom Yuda.

2

Kota-kotana: Bersyeba, Syeba, Molada,

3

Hasar Sual, Bala, Esem,

4

Eltolad, Betul, Horma,

5

Siklag, Bet Markabot, Hasar Susa,

6

Bet Lebaot jeung Saruhen. Tilu belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.

7

Ain, Rimon, Eter jeung Asan, opat kota katut desa-desa sakurilingeunana,

8

kaasup sakabeh desa-desa eta nepi ka Baalat Bir kidul (atawa Ramah). Eta tanah milik anu dibikeun ka kaom Simeon.

9

Ku lantaran wewengkon tanah Yuda legana leuwih ti cukup, seug wewengkon nu leuwih teh dibikeun ka kaom Simeon.

10

Bagian katilu lotrena ragrag ka kaom Sebulun. Wewengkonna nepi ka Sarid.

11

Ti dinya watesna maju ka kulon ka Marela, notog ka Dabeset jeung ka anak walungan wetaneun Yoknam.

12

Ti beulah wetan mimiti ti Sarid terus maju nepi ka wates Kislot Tabor, jol ka Daberat, nanjak ka Yapia.

13

Ti dinya ngetan keneh ka Gat Heper jeung Et Kasin, mengkol ka Nea di jalan anu kebat ka Rimon.

14

Beulah kaler watesna mengkol nguriling ka Hanaton, anggeus di Lebak Yiptah El.

15

Kaasup oge Katat, Nahalal, Simron, Idala jeung Betlehem. Dua belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.

16

Sakitu kota-kota katut desa-desana anu jadi milikna kulawarga-kulawarga kaom Sebulun.

17

Bagian kaopat lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Isaskar.

18

Daerah-daerahna: Yisrel, Kasulot, Sunem,

19

Haparaim, Sion, Anaharat,

20

Rabit, Kision, Ebes,

21

Remet, En Ganim, En Hada jeung Bet Pases.

22

Watesna aya oge anu notog ka Tabor, Sahasima jeung Bet Semes, anggeusna di Yordan. Kota-kota anu kaasup ka dinya aya genep belas, katut desa-desa sakurilingeunana.

23

Sakitu kabehna kota-kota katut desa-desana anu jadi milikna kulawarga-kulawarga kaom Isaskar.

24

Bagian kalima lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Aser.

25

Bagianana: Helkat, Hali, Beten, Aksap,

26

Alamelek, Amad jeung Misal. Beulah kulon notog ka Gunung Karmel jeung Sihor Libnat.

27

Ti dinya malik ngetan terus ka Bet Dagon, notog ka Sebulun jeung Lebak Yiptah El di jalan anu kebat ka kaler ka Bet Emek jeung Nehiel. Ngaler keneh ka Kabul,

28

Ebron, Rehob, Hamon jeung Kana nepi ka Sidon.

29

Ti dinya watesna malik ka Ramah, nepi ka Tirus, hiji kota anu di benteng; ti dinya mengkol ka Hosa, anggeus di Laut Tengah. Kota-kota anu kaasup ka dinya: Mahalab, Aksib,

30

Uma, Apek jeung Rehob. Dua puluh dua kota katut desa-desa sakurilingeunana.

31

Sakitu kota-kota katut desa-desa di wewengkon milikna kulawarga-kulawarga kaom Aser.

32

Bagian kagenep lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Naptali.

33

Wates-watesna mimiti ti Helep, ti lebah hiji tangkal kiara di Saananim, terus ka Adami Nekeb, terus ka Yabnel nepi ka Lakum, anggeus di Yordan.

34

Ti dinya watesna mengkol ngulon ka Asnot Tabor, ti dinya ka Hukok, notog ka wewengkon Sebulun sisi kidul, beulah kulonna notog ka wewengkon Aser, ari ti beulah wetanna Yordan.

35

Kota-kota bentengna: Sidim, Ser, Hamat, Rakat, Kineret,

36

Adama, Ramah, Hasor,

37

Kedes, Edrei, En Hasor,

38

Iron, Migdal El, Horem, Bet Anat jeung Bet Semes. Salapan belas kota katut desa-desa sakurilingeunana.

39

Sakitu kota-kota katut desa-desana anu aya di wewengkon tanah milik kulawarga-kulawarga kaom Naptali.

40

Bagian katujuh lotrena ragrag ka kulawarga-kulawarga kaom Dan.

41

Daerahna ngurung Sora, Estaol, Ir Semes,

42

Saalabin, Ayalon, Itla,

43

Elon, Timna, Ekron,

44

Elteke, Gibeton, Baalat,

45

Yehud, Bene Barak, Gat Rimon,

46

Me Yarkon jeung Rakon katut wewengkon sakurilingeun Yopa.

47

Basa urang Dan kauculan wewengkon, seug merangan Lesem, tuluy direbut, jelema-jelemana ditumpes, tanahna diaku milik. Seug diandih, sarta ngaran Lesem diganti ku ngaran karuhunna, jadi Dan.

48

Sakitu kota-kota jeung desa-desa sakurilingeunana di wewengkon tanah milik kulawarga-kulawarga kaom Dan.

49

Sabada beres babagi tanah, Yosua putra Nun ku urang Israil dibere tanah akuan.

50

Tanah anu diakukeun ka anjeunna cocog jeung pamundutna, tur luyu jeung timbalan PANGERAN, nya eta Timnat Serah di pagunungan Epraim. Seug kotana ku anjeunna diadegkeun deui, sarta anjeunna calik di dinya.

51

Tanah teh dibagikeunana ku Imam Elasar, Yosua putra Nun, jeung para kapala warga kaom-kaom Israil. Aranjeunna neda pituduh heula ti PANGERAN ku jalan ngalung lotre di hareupeun lawang Kemah PANGERAN. Kitu dibereskeunana ku aranjeunna urusan ngabagina teh, di Silo.

Link: