:

Yosua 21

1

Geus kitu para kapala kulawarga-kulawarga kaom Lewi nepungan Imam Elasar, Yosua putra Nun jeung para kapala kaom Israil.

2

Seug arunjukan kieu ka aranjeunna, di Silo, di tanah Kanaan, "Kapungkur aya timbalan PANGERAN ka Musa, yen sim kuring kedah dipaparin kota-kota pamukiman, kitu deui sampalan-sampalan keur ingon-ingon."

3

Seug sakumaha timbalan PANGERAN, kaom Lewi teh ku urang Israil dibere kota-kota jeung sampalan-sampalan ti wewengkon milikna masing-masing.

4

Kulawarga-kulawarga kaom Lewi golongan Kahat meunang lotrena pangheulana. Ari kulawarga-kulawarga turunan Imam Harun, meunang tilu belas kota di wewengkon-wewengkon Yuda, Simeon jeung Binyamin.

5

Golongan Kahat anu lianna meunang sapuluh kota ti wewengkon-wewengkon Epraim, Dan jeung Menase anu ti tebeh kulon.

6

Golongan Gerson meunang tilu belas kota ti wewengkon-wewengkon Isaskar, Aser, Naptali jeung ti wewengkon Menase anu di wetaneun Walungan Yordan.

7

Kulawarga-kulawarga golongan Merari meunang dua belas kota ti wewengkon-wewengkon Rubin, Gad jeung Sebulun.

8

Ku jalan lotre, eta kota-kota kitu deui sampalan-sampalanana ku urang Israil diserenkeun ka kaom Lewi, sakumaha timbalan PANGERAN ka Musa.

9

Kota-kota ti wewengkon-wewengkon Yuda jeung Simeon, anu ngaran-ngaranna engke baris disebutan, diserenkeunana ka

10

turunan Harun golongan Kahat anu kaasup turunan Lewi. Lotrena kaluar pangheulana.

11

Maranehanana meunang kota Arba (Arba teh karuhun bangsa Enak), anu terusna disebut Hebron, di pagunungan wewengkon Yuda, katut sampalan-sampalan sakurilingna.

12

Tapi ari tegal-tegal jeung desa-desana mah geus kapimilik ku Kaleb bin Yepune.

13

Kajaba ti Hebron (salah sahiji kota suaka), kota-kota anu lotrena ragrag ka turunan Imam Harun teh nya eta: Libna,

14

Yatir, Estemoa,

15

Holon, Debir,

16

Ain, Yuta jeung Bet Semes, katut sampalan-sampalanana; salapan kota ti kaom Yuda jeung Simeon.

17

Ti wewengkon kaom Binyamin meunang opat kota, nya eta: Gibon, Geba,

18

Anatot jeung Almon, katut sampalan-sampalanana.

19

Kota-kota anu diserenkeun ka turunan Imam Harun teh kabehna tilu belas, katut sampalan-sampalanana.

20

Kulawarga-kulawarga Lewi golongan Kahat anu lianna, tina lotrena meunang kota-kota ti wewengkon Epraim.

21

Ti dieu meunang opat kota, nya eta: Sekem (salah sahiji kota suaka) katut sampalan-sampalanana di pagunungan Epraim, Geser,

22

Kibsaim jeung Bet Horon, katut sampalan-sampalanana.

23

Ti wewengkon Dan meunang opat kota, nya eta: Elteke, Gibeton,

24

Ayalon jeung Gat Rimon, katut sampalan-sampalanana.

25

Ti wewengkon Menase kulon meunang dua kota, nya eta: Taanak jeung Gat Rimon, katut sampalan-sampalanana.

26

Kabehna anu katarima ku kulawarga-kulawarga golongan Kahat teh sapuluh kota, katut sampalan-sampalanana.

27

Sabagian deui kulawarga-kulawarga Lewi ti golongan Gerson, meunang dua kota ti wewengkon Menase anu beulah wetan, nya eta: Golan di Basan (salah sahiji kota suaka) jeung Bestera, katut sampalan-sampalanana.

28

Ti wewengkon Isaskar meunang opat kota, nya eta: Kision, Daberat,

29

Yarmut jeung En Ganim, katut sampalan-sampalanana.

30

Ti wewengkon Aser meunang opat kota, nya eta: Misal, Abdon,

31

Helkat jeung Rehob, katut sampalan-sampalanana.

32

Ti wewengkon Naptali meunang tilu kota, nya eta: Kedes di Galilea (salah sahiji kota suaka), katut sampalan-sampalanana, Hamot Dor jeung Kartan, katut sampalan-sampalanana.

33

Eta rupa-rupa kulawarga kaom Gerson teh kabehna narima tilu belas kota, katut sampalan-sampalanana.

34

Urang Lewi anu sesana, nya eta golongan Merari, ti wewengkon Sebulun meunang opat kota, nya eta: Yoknam, Karta,

35

Dimna jeung Nahalal, katut sampalan-sampalanana.

36

Ti wewengkon Rubin meunang opat kota, nya eta: Beser, Yahas,

37

Kedemot jeung Mepaat, katut sampalan-sampalanana.

38

Ti kaom Gad meunang opat kota, nya eta: Ramot di Gilad (salah sahiji kota suaka), katut sampalan-sampalanana, Mahanaim,

39

Hesbon jeung Yaser, katut sampalan-sampalanana.

40

Golongan Merari kabehna meunang dua belas kota.

41

Kota-kota milik urang Israil anu diserenkeun ka urang Lewi, kabehna opat puluh dalapan, katut sampalan-sampalanana.

42

(21:41)

43

Eta tanah sakuliahna ku PANGERAN geus dipaparinkeun ka urang Israil. Laksana sakumaha jangji Mantenna kalayan sumpah ka karuhun-karuhun maranehanana. Ku maranehanana geus kapimilik, geus diarenggonan.

44

Sakuliah wewengkonna ku PANGERAN dikertakeun, sakumaha jangji Mantenna ka karuhun-karuhun maranehna. Taya pisan musuh anu bisa tagen, kawantu urang Israil teh dikersakeun unggul bae ku PANGERAN.

45

Tiap jangji PANGERAN ka urang Israil, ku Mantenna dibuktoskeun.

Link: