:

Yosua 20

1

Geus kitu PANGERAN ngandika ka Yosua,

2

miwarang nyaurkeun kieu ka urang Israil, "Geura tangtukeun kota-kota suaka. Hal ieu bareto geus ditepikeun ka maraneh, ku perantaraan Musa.

3

Tiap-tiap jelema nu maehan teu karana niat tadina, meunang nyingkir ka dinya, nyingkahan anu arek males pati.

4

Pek kabur ka salah sahijina, tepungan mahkamah pangadilanana di lawang kota, perkarana pupulihkeun. Ku maranehna baris diwidian asup ka jero kota, jeung dibere pangcicingan geusan nyingkir di dinya.

5

Upama disusul ku nu arek males pati ulah dipasrahkeun. Kudu dibela, lantaran maehan soteh teu kahaja, lain ku sabab amarah.

6

Nyingkirna di eta kota nepi ka perkarana diuruskeun ku pangadilan di dinya, jeung nepi ka Imam Agung anu jeneng harita di dinya tilar dunya. Geus kitu kakara meunang mulang ka lemburna, anu bareto ditinggalkeun kabur."

7

Seug kota-kotana ditangtukeun. Anu di kuloneun Yordan nya eta: Kedes di Galilea, di pagunungan wewengkon kaom Naptali; Sekem, di pagunungan wewengkon kaom Epraim; jeung Hebron, di pagunungan wewengkon kaom Yuda.

8

Anu di wetaneun Yordan nya eta: Beser, di wewengkon kaom Rubin, di padataran luhur gurun keusik wetaneun Yeriho; Ramot di Gilad, di wewengkon kaom Gad; jeung Golan di Basan, di wewengkon kaom Menase.

9

Kota-kota eta kapilih pikeun jadi kota suaka, boh keur urang Israil boh keur urang piluaran anu marukim di urang Israil. Satiap jelema anu maehan teu karana diniatan tadina, meunang nyingkir ka dinya, nyingkahan anu arek males pati. Teu meunang dipaehan, nunggu dipariksa heula ku pangadilan.

Link: