Yosua 23
Lawas ti lawas, ti barang Israil ku PANGERAN dikertakeun tur aman ti musuh-musuh sakurilingna, Yosua geus kacida sepuhna.
Seug anjeunna ngempelkeun sabangsa Israil, para kokolot, para pamingpin, para hakim, para pamanggul jurit. Anjeunna sasauran, kieu, "Bapa teh geus sakieu kolotna.
Sagala rupa anu dipidamel ku PANGERAN Allah maraneh ka bangsa-bangsa di ieu tanah keur kabagjaan maraneh, ku maraneh geus kasaksian. PANGERAN Allah maraneh geus tandang mangmerangankeun.
Tanah-tanah bangsa urang dieu anu acan beunang, ku Bapa geus dibagi-bagikeun ka kaom-kaom maraneh, nya eta tanah anu ku Bapa geus karebut, ti semet Walungan Yordan di beulah wetan, nepi ka Laut Tengah di beulah kulon.
Ana maraneh geus maju, eta bangsa-bangsa teh tangtu disina ngarejat ku PANGERAN Allah maraneh, dibuburak, sangkan tanahna bisa kacangking ku maraneh, sakumaha jangji PANGERAN.
Ku sabab eta masing hade-hade sumujud ka Mantenna, jeung lakonan sagala rupa anu kaungel dina kitab Hukum Musa, poma ulah aya nu kaluli-luli.
Ku jalan kitu maraneh moal campur jeung bangsa batur anu araya keneh di maraneh, atawa ngucapkeun ngaran dewa-dewana, atawa sumpah nyebut ngaran eta dewa-dewa, moal ngabakti atawa sujud ka eta dewa-dewa.
Anggur sing ajeg ka PANGERAN sakumaha kalakuan maraneh sabiasa sasari nepi ka wanci ieu.
PANGERAN teh geus ngusir bangsa-bangsa anu nya gede nya kuat ana maraneh indit jurit, sahiji ge taya lawan anu tagen nyanghareupan maraneh.
Tiap saurang ti maraneh, sanggup nundung musuh sarebu, sabab PANGERAN Allah maraneh anu tandang mangmerangankeun, ngabuktoskeun jangji-Na.
Jadi masing hade-hade enggoning nyaah ka PANGERAN Allah maraneh teh.
Upama maraneh nepi ka ngolembar tuluy cacampuran jeung bangsa-bangsa lian anu araya keneh di urang, atawa pacorok jodo,
rasakeun, ana maraneh maju perang, PANGERAN moal kersaeun deui mangusirkeun maranehanana. Kalah ka itu teh jadi hiji bahaya, lir pitapak atawa cubluk tataheunan, lir pecut anu ngajelebet kana tonggong, lir cucuk anu nanceb dina siki panon. Baris kituna teh nepi ka maraneh geus taya nu nyesa deui di ieu tanah anu sakieu hadena, paparin ti PANGERAN Allah maraneh.
Ayeuna Bapa teh geus nepi kana waktu ajal. Satiap maraneh, tangtu ngarasa dina ati sanubari, yen geus dipaparin sagala rupa anu nyenangkeun hate ku PANGERAN Allah maraneh, bukti sakumaha jangji-Na. Mantenna tigin kana sagala jangji-Na, taya hiji jangji-Na anu jalir.
Tapi deuih, sakumaha Mantenna tigin kana sagala jangji-Na ka maraneh, oge moal sungkan-sungkan ngalaksanakeun sagala ancaman.
Saupama maraneh udar tina ikrar anu ku PANGERAN Allah maraneh dipiwarang ditiginan, jeung upama maraneh nepi ka nyembah ngabakti ka allah-allah sejen, tan wande Mantenna bendu sarta maraneh disiksa, baris gancang-gancang musna mo aya nu nyesa di ieu tanah anu sakieu hadena, paparin Mantenna."