Yosua 8
Ngandika PANGERAN ka Yosua, "Bawa ku maneh sakabeh prajurit ka Ai. Tong sieun-sieun, tong inggis-inggis. Raja Ai, rahayatna, kotana jeung tanahna ku Kami rek diselehkeun ka maneh.
Ai jeung rajana, ku maneh jieun cara kota Yeriho jeung rajana tea. Tapi ayeuna mah babandaan jeung ingon-ingonna meunang dijarah pikeun maraneh. Pek atur, bongohan eta kota teh ti tukangeunana."
Seug Yosua mepek sakabeh prajurit rek ngarurug Ai. Anjeunna meting tilu puluh rebu prajurit anu panghadena, diinditkeun ti peuting.
Parentahna, "Maraneh kudu nyarumput beulah ditueun kota, tapi ulah jauh teuing. Kudu tarapti baris ngarurug.
Ari barisan Bapa arek ngadeukeutan ka kotana. Di mana urang Ai budal mapag perang, rek ditinggalkeun lumpat cara ti heula.
Keun maranehanana sina ngarudag sina jarauh ti kotana. Maranehanana nyangka tangtu urang kabur cara ti heula.
Geus kitu maraneh bijil ti panyumputan, ngajabel eta kota. PANGERAN Allah maraneh baris nyelehkeun eta kota ka maraneh.
Mun geus kajabel kudu dihuru, kitu anu dipundut ku PANGERAN. Kitu tugas maraneh."
Geus kitu tuluy diinditkeun. Bral arindit muru tempat panyumputan, ngadarago di dinya kuloneun Ai, antara Ai jeung Betel. Ari Yosua mah ngawengi di pangkalan urang Israil.
Isukna subuh keneh Yosua geus tarapti ngatur balad. Ti dinya angkat dibarengan ku para pangurus, ngapalaan balad ka Ai.
Baladna maju lempeng ka lebah lawang utama eta kota, tuluy masang kemah di beulah kaler. Ti lebah dinya ka Ai kahalangan ku hiji lebak.
Anjeunna misahkeun kira-kira lima rebu prajurit, sina nyarumput di kuloneun kota, antara Ai jeung Betel.
Balad geus tarapti pikeun perang, balad utama di kalereun kota, sesana di beulah kulon. Peuting eta Yosua ngawengi di eta lebak.
Barang raja Ai nangenan yen aya balad Yosua, gesat-gesut pak-pik-pek. Geus kitu budal jeung baladna muru ka Lebak Yordan sejana merangan Israil di dinya cara ti heula. Teu nyahoeun yen ti beulah tukang keur didodoho.
Seug Yosua sabalad-balad pura-pura mundur, lalumpatan ka tanah gundul.
Balad Ai kabeh dikeprik ti jero kota sina ngarudag ka Yosua. Ku sabab kitu maranehna jadi beuki jauh ti kotana.
Anu ngarudag ka urang Israil teh kabehanana, kotana jadi molongpong jeung teu aya nu ngajaga.
Ngandika PANGERAN ka Yosua, "Tojokeun tumbak maneh ka lempengan Ai. Kami rek nyelehkeun eta kota ka maneh." Ku Yosua dijalankeun.
Barang cung anjeunna ngangkat panangan, balad anu keur nyarumput tea carengkat, terus ngambreg ka jero kota, tuluy eta kota teh dijabel, gur dihuru.
Barang urang Ai ngalalieuk, kotana geus meleketektek ku haseup. Tapi geus teu aya jalan lumpat, sabab balad Israil anu tadi lalumpatan ka tanah gundul teh malik nempuh.
Sanggeus Yosua nangenan yen eta kota geus kajabel malah geus dihuru, baladna malik ngagempur balad Ai.
Balad Israil anu geus arasup ka jero kota laluncatan terus muru ka medan perang mantuan baturna. Balad Ai nyaho-nyaho geus ditingker rekep ku balad Israil, seug beak kabeh paraeh digempur. Taya hiji anu luput, taya hiji anu teu nepi ka paeh,
ngan kari rajana. Eta mah dicerek dijieun tawanan ku Yosua.
Saban musuh anu tadi ngarudag ka tanah gundul, ku urang Israil geus dipaehan kabeh. Beres ti dinya, balad Israil maralik deui ka Ai, maehan sakur nu kari di dinya.
Ari Yosua masih keneh nojokeun tumbak, tumbakna teu turun-turun nepi ka musuh beak kabeh diparaehan. Urang Ai anu kabehna aya dua belas rebu jelema lalaki awewe poe eta beak sama sakali dibasmi.
(8:25)
Ingon-ingon jeung babandaanana dijarah ku urang Israil, nurutkeun timbalan PANGERAN ka Yosua tea.
Kota Ai ku Yosua dihuru, tuluy diantep jadi ruruntuk. Nepi ka kiwari kaayaanana tetep kitu.
Ari raja Ai ku anjeunna digantung dina patok, mayitna diantep nepi ka burit. Sanggeus sareupna kakara ku anjeunna diparentahkeun sina diturunkeun, tuluy dibalangkeun ka hareupeun lawang kota, breg dibugbrugan batu luhur pisan. Tumpukan batu tea aya nepi ka kiwari.
Geus kitu Yosua ngadegkeun altar di Gunung Ebal kanggo PANGERAN, Allahna Israil.
Ngadamelna altar nurutkeun pituduh Musa, abdi Allah, ka urang Israil, sakumaha anu kaungel dina Hukum Musa, "Hiji altar tina batu, teu meunang aya tapak-tapak pakakas beusi." Dina luhur eta altar maranehna ngaduruk kurban ka PANGERAN, sarta nyanggakeun kurban beuleuman.
Kasaksian ku urang Israil, dina eta batu Yosua ngadamel salinan Hukum anu diserat ku Musa tea.
Urang Israil jeung para pangurusna, kapala-kapala baladna, hakim-hakimna, kitu deui jalma piluaran nu araya di maranehna, nararangtung kenca katuhueun Peti Perjangjian PANGERAN, nyalanghareup ka imam-imam kaom Lewi anu ngagotong eta peti. Nu saparo narangtungna nyanghareup ka Gunung Gerisim, nu saparo deui nyanghareup ka Gunung Ebal. Cara kitu teh memang geus ditetepkeun ti tadina ku Musa, abdi Allah, ka maranehna, samangsa maranehna arek narima berkah.
Ti dinya saeusining Hukum teh ku Yosua diaos bedas, kitu deui hal piberkaheunana jeung panyapana, sakumaha anu kaungel dina kitab Hukum.
Tiap-tiap Hukum Musa teh ku Yosua diaoskeun ka sakabeh nu karumpul, kaasup awewe jeung barudak, kitu deui urang piluaran anu araya di maranehna.