Yosua 9
Beja kaunggulan Israil geus kadarengeeun ku sakabeh raja-raja di peuntaseun Walungan Yordan beulah kulon, nu di pagunungan, nu di suku pagunungan jeung nu di sisi basisir Laut Tengah. Malah kadenge ka nu leuwih jauh ti dinya, ka tebeh kaler, ka Libanon. Eta raja-raja teh nya eta raja-raja urang Het, urang Emor, urang Kanaan, urang Pares, urang Hiwi jeung urang Yebus.
Eta raja-raja seug rempugan ngahijikeun kakuatan, arek merangan ka Yosua, ka urang Israil.
Tapi urang Gibon, nya eta bangsa Hiwi, geus meunang beja tina hal anu dipidamel ku Yosua ka kota Yeriho jeung Ai.
Tuluy mutuskeun rek nyiasatan Yosua. Maranehna ngamomotan kalde-kalde ku karung-karung heubeul jeung kantong-kantong kulit wadah anggur anu geus barutut, tuluy arindit,
marake pakean anu geus rarawing sarta ditarumpah butut. Bekelna roti anu geus garing, teuas tur geus bulukan.
Sanggeus daratang ka pakemahan di Gilgal, pok maranehna akon-akon ka Yosua jeung ka urang Israil, "Sim kuring teh ti nagri tebih, maksad sumeja ngajak ngayakeun perjangjian sareng Juragan."
Ari ceuk urang Israil, "Naha bet kedah aya perjangjian sagala antara kuring sareng aranjeun? Boa teuing aranjeun teh urang dieu bae, ti nu caket."
Ari ceuk maranehna ka Yosua, "Sim kuring sumeja tumut kumaha Juragan." Yosua mariksa, "Saleresna aranjeun teh saha, nu ti mana?"
Jawab maranehna kieu, "Juragan, nagri sim kuring kalintang tebihna ti dieu. Pangna ngadeuheus, reh nguping wartos perkawis PANGERAN, Allah Juragan. Sim kuring parantos kenging wartos hal anu dipidamel ku Anjeunna di Mesir,
kitu deui nu dipidamel-Na ka dua raja bangsa Emor di peuntas wetan Walungan Yordan, nya eta Raja Sihon di nagri Hesbon, sareng Og raja Basan anu calikna di Astarot tea.
Sim kuring ku para pamingpin sareng rahayat nagri sim kuring dipiwarang bebekel saperluna, dijurung leumpang ngadeuheus ka Juragan di dieu, ngunjukkeun sumeja taluk ka Juragan sadaya. Ku margi kitu, panuhun mugi Juragan pulur manah kanggo ngayakeun perjangjian sareng sim kuring.
Mangga tingalian roti bekel sim kuring. Nalika bral mios sumeja ngadeuheus ka Juragan, eta teh haneut keneh. Ayeuna mangga ieu tingalian! Parantos garing sareng bulukan.
Ieu wadah cianggur, waktos ngawitan dieusian mah alanyar keneh. Nanging, tingali! Parantos bararedah. Pakean, tarumpah, dugi ka barutut kieu, bawaning ku tebihna lalakon."
Top eta bebekelan teh ku urang Israil ditampanan, teu naros heula perkara eta ka PANGERAN.
Seug Yosua ngadamel perjangjian mimitran jeung urang Gibon, jelema-jelemana meunang hirup. Eta perjangjian ditetepkeun ku sumpah para pamingpin urang Israil.
Tilu poe ti barang eta perjangjian dijieun, kanyahoan ku urang Israil yen eta jelema-jelema teh ti nu deukeut bae.
Kanyahoanana sanggeus urang Israil maju deui meunang tilu poe sarta nepi ka kota Gibon, Kapira, Berot, jeung Kiryat Yarim, tempat tinggal eta jelema-jelema tea.
Tapi urang Israil teu bisa maehan maranehna, sabab para pamingpinna geus sumpah demi PANGERAN, Allahna Israil. Kabeh urang Israil gegelendeng ka pamingpin-pamingpinna,
tapi saur aranjeunna, "Urang geus sumpah demi GUSTI Allah, Allahna Israil. Jadi urang teu bisa kua-kieu ka maranehna.
Urang kudu ngantep maranehna harirup lantaran geus katalian ku jangji. Mun urang cidra, tangtu urang dihukum ku Allah.
Keun bae sina harirup, tapi urang jadikeun tukang ngarala suluh jeung tukang ngarala cai." Kitu usul para pamingpin teh.
Geus kitu Yosua marentah supaya urang Gibon dipanggil. Saurna ka maranehna, "Ku naon maraneh ngabobodo majar ti nu jauh, padahal urang dieu?
Ku hal eta maraneh disapa ku Allah. Rahayat maraneh kudu terus jadi badega salalawasna, purah ngala suluh, ngala cai, keur kaperluan gedong suci Allah kami."
Jawabna, "Mangga teh teuing Juragan. Reh sim kuring terang aya timbalan PANGERAN Allah Juragan ka Musa abdi-Na, yen ieu tanah sakuliahna baris diselehkeun ka Juragan, sareng jalmi-jalmina ku Juragan kedah diparaehan. Sim kuring midamel kitu teh bawaning sieun ku Juragan, melang kana nyawa.
Ayeuna sim kuring sadayana aya dina genggeman Juragan. Mangga pidamel kumaha pangersa."
Ku Yosua maranehna ditangtayungan, teu meunang diparaehan ku urang Israil.
Tapi kudu tuluy dijieun badega purah ngarala suluh, ngarala cai, keur urang Israil jeung keur kaperluan altar PANGERAN. Kituna teh nepi ka kiwari, di tempat paranti babakti anu geus ditetepkeun ku PANGERAN.