:

Yunus 2

1

Di jero beuteung eta lauk, Yunus sasambat ka PANGERAN Allahna,

2

"Nun PANGERAN, sajeroning prihatin, abdi sasambat ka Gusti, Gusti kersa ngadangu. Ti ieu enggon maot anu jero sakalangkung, abdi nyuhunkeun pitulung, ku Gusti dikabul.

3

Gusti ngunclungkeun abdi ka nu jero, dugi ka dasar laut pisan, abdi dilingkung ku cai, sareng digulung ku ombak rongkah ti Gusti.

4

Ceuk emutan, abdi teh parantos dipiceun ti payuneun Gusti, moal ningal-ningal deui Bait Allah, gedong Gusti nu suci.

5

Abdi digulung sareng digencet ku cai, ngalelep dirungkup ku laut sirah kagubed ku ganggeng laut.

6

Abdi tilelep dugi ka dasar gunung-gunung, ka alam anu lawangna meundeut salalanggengna. Nanging Gusti, nun PANGERAN, Allah sim abdi, ngajait hirup abdi ti jero laut.

7

Nalika ngaraos yen hirup abdi nuju ngoleang, abdi sasambat ka Gusti, nun PANGERAN, ku Gusti kadangu ti Bait Allah, gedong Gusti nu suci.

8

Anu nyarembah ka brahala nu tanpa guna, parantos teu saratia deui ka Gusti.

9

Dupi abdi mah bade nyanggakeun pupujian ka Gusti, sareng bade nyanggakeun kurban. Mung PANGERAN nu iasa nyalametkeun, seja nedunan jangji abdi!"

10

Geus kitu PANGERAN nimbalan ka lauk tea, sangkan Yunus diutahkeun ka basisir. Seug ku lauk diutahkeun.

Link: