Timbalana-Na, "Geura indit ka Ninewe, kota nu gede tea, tepikeun ka urang dinya sakumaha timbalan Kami."
3
Yunus nurut, tuluy angkat ka Ninewe. Ninewe teh kota gede pisan, ngambah eta kota teh lalakon tilu poe.
4
Yunus lebet ka dinya. Sanggeus angkat sapoe jeput, anjeunna mimiti nguarkeun, saurna, "Opat puluh poe deui Ninewe bakal dibasmi!"
5
Urang Ninewe palercaya kana eta pesen PANGERAN. Maranehna mutuskeun yen kabeh kudu puasa, sakabeh jelema, ti nu pangmulyana nepi ka nu panghinana sarta kudu marake baju karung, nandakeun pertobat.
6
Barang raja Ninewe ngadenge eta perkara, neut cengkat tina tahtana, tuluy nyosoeh jubahna, diganti ku baju karung, tuluy diuk dina lebu.
7
Geus kitu anjeunna ngaluarkeun bewara ka sakumna rahayat Ninewe, ungelna, "Ieu parentah raja jeung para gegedenna: Jalma-jalma, sapi, domba, teu meunang aya nu dahar naon-naon, teu meunang dahar, teu meunang nginum.
8
Jalma-jalma kabeh kudu marake baju karung. Sasatoan oge kudu dipakeanan karung. Saban jalma kudu sasambat ka Allah masing enya-enya pisan, sarta kudu miceun adat nu goreng, nyegah lampah nu jahat.
9
Muga-muga Allah robah manah sarta bendu-Na leler, supaya urang ulah paraeh!"
10
Allah ningali lampah maranehna. Ningalieun yen maranehna geus miceun tabeatna anu jahat. Ku sabab kitu pangersa-Na dirobah, henteu tulus ngahukum maranehna.