Ku hal eta, Yunus pohara ngaraos mentegegna, malah bendu.
2
Tuluy sasambat kieu, "Duh PANGERAN, sanggem abdi ge memeh mios ti rorompok, kumaha? Tangtos kieu pijadieunana! Eta margina pang abdi teras minggat ka Sepanyol! Abdi parantos apal, Gusti teh Allah anu sipat welas, sipat hampura, sabar teu aya watesna, sae salalamina, salamina sok tara cios bae ngahukum.
3
Kitu nu mawi, ayeuna mah cabut nyawa abdi, langkung sae maot ti batan hirup."
4
PANGERAN ngawaler, "Naon hak maneh nu matak ambek?"
5
Geus kitu Yunus kaluar ti dinya, tuluy calik wetaneun eta kota. Anjeunna ngadamel saung, tuluy ngiuhan di dinya bari ngawas-ngawas, hayang uninga naon nu bakal tumiba ka eta kota.
6
Lajeng PANGERAN Allah ngersakeun aya tangkal jarak anu ngadadak jadi di dinya, jangkungna ngungkulan Yunus, malar anjeunna kaiuhan sarta leuwih genah calikna di dinya. Yunus ngaraos kacida sugemana ku ayana eta tangkal teh.
7
Tapi poe isukna, subuh-subuh keneh pisan, ku parentah Allah, akar eta tangkal diruksak ku hiji cacing nepi ka terus layu.
8
Sanggeus panonpoe meletek, Allah ngadatangkeun angin panas ti wetan. Yunus mehmeh katuralengan, sabab mastakana katojo pisan ku panonpoe, nepi ka humandeuar mundut ajal. Saurna, "Ti batan hirup kieu mah, mending ge paeh sakalian."
9
Tapi lahiran PANGERAN ka anjeunna, "Naon hak maneh nu matak ambek ku hal eta tangkal?" Waler Yunus, "Memang abdi gaduh hak pikeun ambek, ambek pisan dugi ka asa maot."
10
Timbalan PANGERAN, "Eta tangkal jadina di jero sapeuting, euweuhna deui peuting isukna. Eta lain beunang melak maneh, lain maneh anu ngajadikeunana. Parandene maneh ngarasa lebar!
11
Komo Kami, pohara ngarasa lebarna, pohara watirna ka Ninewe, kota nu sakitu gedena. Leuwih ti kitu, di dinya teh aya barudak anu can nyaraho naon-naon, lobana leuwih ti 120.000 urang, kitu deui sasatoan anu sakitu lobana."