:

Ayub 18

1

\it Bildad:\it* "Ayub! Kuring mah heran, bet anjeun anu keur kitu make teu bisa repeh. Cik eureun ngomong teh, dengekeun batur.

2

(18:1)

3

Na dikira batur teh bodo kawas kebo?

4

Geuning eta kalah ka ripuh da ambek-ambekan bae. Naha kitu keur kapentingan anjeun jagat kudu runtag, gunung kudu urug?

5

Cahaya jalma jahat mah bakal dipareuman terus, moal diseungeut deui, moal dihurungkeun deui,

6

lampu di jero kemahna baris disina poek.

7

Ngalengkahna memang teteg, tapi terus titajong, bluk bae labuh jadi korban polahna sorangan.

8

Leumpang nyampeurkeun jiret, sukuna kasarimped

9

keuneungna kajepit ku tataheunan teu bisaeun deui incah.

10

Dina taneuh lebah nu buni aya jiret, dina jajalaneunana aya nu masangan pitapak.

11

Balai ngintip sakurilingna, nutur-nutur lengkahna.

12

Urut beunghar jadi kalaparan, mana dikikintil ku balai.

13

Awak digulung ku kasakit anu mateni, nepi ka leungeun jeung sukuna buruk.

14

Seug ditongtak ti imah tempat senangna, disered ka hareupeun Malakalmaot.

15

Ari imahna diandih batur, saha bae nu daekeun, kitu ge sanggeus disemprotan heula ku walirang, dibasmi heula kuman-kumanna.

16

Mun tangkal mah akarna paeh, dahanna gararing.

17

Ulah boro ku anu jauh, ku nu di imahna ge geus tara disebut-sebut, geus tara diinget-inget.

18

Geus dibuang ti dunyana nu harirup, disuntrungkeun ti nu caang ka nu poek.

19

Heug teu boga anak, euweuh keur nuluykeun turunan.

20

Sakur anu ngadarenge nasibna, ti wetan nepi ka kulon ukur bati kukurayeun, sieun ngalaman nu kawas kitu.

21

Kitu bagianana jalma doraka mah. Jalma anu teu ngandel ka Allah mah kabeh oge kitu wawalesna."

Link: