:

Ayub 19

1

\it Ayub:\it* "Aeh-aeh, moal eureun-eureun nganyenyeri ka kuring teh?

2

(19:1)

3

Bet hayoh bae nyarekan mani laklak dasar, euweuh kaera!

4

Barina ge mun enya tea mah kuring teh salah, cik naon ngarugikeunana ka anjeun?

5

Make ngarasa leuwih bener batan kuring, mani pok deui, pok deui, majar pang kuring lara kieu teh cingcirining gede dosa.

6

Na teu kaerong yen ieu teh dihaja ku Gusti Allah, geusan mancing-mancing kasalahan kuring?

7

Mantenna enggeus kaniaya ka kuring, kuring malik teu suka. Tapi omongan kuring euweuh nu nganggap. Menta kaadilan kitu keneh euweuh nu nolih.

8

Sagala tarekah taya nu laju, dihalang-halang bae ku Allah, sina poekkeun teu bisa mikir, nepi ka teu bisa deui ihtiar.

9

Harta banda ku Mantenna dirampas, harkat reujeung darajat digejretkeun,

10

harepan-harepan dirabut, kuringna digaley diteundeut-teundeut, lur diantep gering nangtung, sina paeh.

11

Na aya bendu pohara teuing, mani kacida gemeseuna-Na, kuring dianggap musuh gerot-Na,

12

mun nu perang tea mah Mantenna mani ngirimkeun balad, pasanggrahan kuring dikepung, ditingker sakurilingna.

13

Dulur-dulur sina naringgalkeun, nu warawuh geus arembungeun deui wawuh,

14

sanak baraya jeung sobat-sobat teu nyaho ka marana.

15

Nu bareto osok larbek ngararanjang geus teu aringet-inget deui. Ku lanjang-lanjang purah babantu nepi ka dianggap si manyang-munyung.

16

Nyalukan badega teu nembalan-nembalan acan, dipentaan tulung ambleng.

17

Pamajikan nepi ka mengek irung, baueun ku ambekan kuring. Dulur-dulur pet ku hinis arembungeun deukeut-deukeut acan.

18

Barudak ari nenjo kuring teh tingcirihil ngeak-ngeak.

19

Sobat medok narenjona bangun rek arongkek, malah jalma-jalma anu pangdipikanyaahna ge tega nonggongan.

20

Kulit mani tingulawir, siga geus kari nyangsang kana tulang. Cindekna kuring teh teu samar deui tereh paturay jeung hirup.

21

Ku Allah diteundeut-teundeutkeun nepi ka gepeng. Anu matak cik, da aranjeun mah sobat, sing baroga rasrasan!

22

Bet kalah ka pipilueun ka Allah nyiksa kuring, nganyenyeri teh teu seubeuh-seubeuh.

23

Hayang teh ieu omongan kuring aya nu nyatetkeun, tiap kecapna ditulis dijieun buku.

24

Atawa ditatah dina batu, diukir di dinya, ngarah awet saumur-umur henteu kapupus.

25

Ayeuna mah keun bae, da engke ahirna mah tangtu aya nu baris ngabelaan kuring teh, ti sawarga.

26

Najan kulit beak ruksak ku panyakit, sapanjang boga keneh awak mah kuring mo weleh tumeuteup ka Allah.

27

baris katenjo ku panon pribadi, tur ku Mantenna ge moal diapilainkeun deui. Ngadenge omongan ti aranjeun, hate nepi ka ngalenyap. Da ceuk aranjeun,

28

‘Kumaha akalna sangkan manehna nyerieun hate?’ Seug aranjeun nyarieun ekol keur nyeklek-nyeklekkeun.

29

Tapi ati-ati, sing sayaga nadah pedang-pedang ti Allah, nu baris ngabudalkeun bebendu-Na, ka nu geus nyarieun dosa. Engke kakara ku aranjeun kanyahoan, yen aya Hakimna nu baris ngahukum."

Link: