:

Ayub 20

1

\it Sopar:\it* "Beu, nepi ka kituna Ki Ayub! Kapaksa ieu mah kudu ditimpalan.

2

(20:1)

3

Make ngancam sagala. Tapi kuring nyaho kudu kumaha nakisna.

4

Anjeun tangtu nyaho, ti jaman baheula, ti barang di dunya aya manusa,

5

acan aya jalma jahat nu lana hirup jamuga.

6

Memang nu karitu oge osok naranjung laluhur, malah ceuk babasanna nepi ka maratan langit, sirahna nyundulan mega.

7

Tapi mo teu buyar lir kekebul. Nu kungsi wawuh jeung eta kari heranna nu aya, pamikirna na ka mana lesna eta jelema!

8

Teu beda ti impian atawa tetenjoan riwan ti peuting, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana, moal tembong-tembong deui,

9

musna ti tempat matuhna.

10

Kakayaan beunangna rarampas ti nu malarat kudu digantian ku anak-anakna.

11

Urut buta tulang buta daging, bet kudu gancang-gancang mulang ka jero taneuh.

12

Kajahatanana karasaeun ngeunahna, ngadaharna dikemut lila dina sungutna, ngarah lila ngarasakeunana.

13

(20:12)

14

Ari geus nepi ka jero beuteung bet molelel, pait teu beda ti racun.

15

Tungtungna kakayaan beunangna rerebut teh kautahkeun deui, dirampas deui ku Allah, nu geus di jero beuteungna ge diudal.

16

Nu diteureuyna teh lir racun. Tangtu si jahat teh bakal paeh kawas nu dipacok ku oray matih.

17

Moal bisa terus hirup, moal nenjo walungan minyak jetun, moal nenjo susukan anu limpas ku susu jeung madu.

18

Beubeunangan usahana bakal dipulangkeun ka batur, manehna mah moal ngasaan ni’mat kakayaanana.

19

Kawantu beunang meres, beunang ngarangsadan ti nu malarat, imahna ge meunang ngajabel ti batur.

20

Ku sarakah-sarakahna nepi ka euweuh kaseubeuhanana.

21

Daharna tara nyesakeun. Datang mangsana kamuktianana leungit.

22

Keur meumeujeuhna maju, beredeg ditempuh ku sagala bancang pakewuh.

23

Keun sina jembluk heula, da moal teu dihukum ku Allah. Moal teu bendu Allah teh ka dinya.

24

Tur moal bisa sumingkir, luput tina pedang beusi, moal teu ngudupung beunang ku gondewa tambaga.

25

Awakna parat ku jamparing, congo panah ngagurilap, cer bae getihna mancer, jajantungna ngajeletot.

26

Kakayaan beunangna ngadama-dama ledis sapisan, dirina saanak pamajikan tingjarungkel tutung kaduruk, duka seuneu ti mana da lain beunang manusa.

27

Dosana ku langit didingding-dingding, ku bumi dituding-tuding.

28

Kamuktianana dibasmi, beak palid ku bebendu Allah.

29

Tuh kitu bagianana jalma jahat mah. Kitu dipastikeunana ku Allah."

Link: