Ayub 21
\it Ayub:\it* "Ayeuna bagian kuring anu ngomong, ku didarengekeun ge kuring teh geus atoh.
(21:1)
Barandungan heula nepi ka kuring anggeus nyarita. Ari geus anggeus onaman, rek dipoyok lakar daek ge heug bae.
Kuring kukulutus teh lain ka pada manusa, tur nu matak nepi ka teu sabar ge aya sababna.
Lamun daraek mah ngaraskeun, nempo kaayaan kuring kieu teh piraku henteu ngahelas, boro-boro loba omong.
Kuring teh ana ras ka nu enggeus karandapan, mani rampohpoy jeung gegebegan.
Na atuh ari nu jarahat, ku naon ku Allah diantep bae, hirupna sarenang, umurna ge nepikeun ka karolot,
barisa nyaraksian anak incuna galede!
Rumah tanggana ku Allah tara didatangan ku balai, jararauh tina pancabaya.
Ingon-ingonna baranahan, ngajaruruna lungsur-langsar.
Barudakna jarongjon arulin tingalajret, kawas anak domba kumincir,
arigel-igelan ngigelan kacapi jeung suling.
Jararahat, tapi hirupna marulus, ajalna lalangsar teu kudu kasiksa heula.
Nu jarahat nyarita ka Allah menta dijauhan da teu harayangeun nyaho kana maksad-maksad Mantenna kana hirup maranehna.
Majar teh taya perluna ibadah, nanaonan make kudu neneda ka Allah sagala.
Pangrasana lamun usahana hasil, majar teh muklis beunang ku ihtiarna sorangan. Kuring mah paliyas boga pipikiran kitu!
Na enya eta teh, majar nu jahat mah hirupna poekkeun bae? Coba, iraha aya nu jahat meunang balai? Na enya Allah sok bendu, nu jahat teh disiksa,
dibasmi kawas jarami? Atawa disina beak lir kekebul kaanginkeun?
Carek aranjeun, lamun bapa nyieun dosa, anak anu cilakana, nandangan siksa ti Allah. Ceuk kuring mah anu kudu disiksa mah nya anu boga dosana, keun sina ngarasa wawales tina dosana tea.
Geus pantesna mun anu dihukum teh anu boga salahna, nu kudu nandangan bebendu ti Allah Nu Maha Kawasa.
Na bisa, jelema paeh malire kana bagja cilakana anak?
Na mampuh jelema teh ngajar ka Allah, anu ngahakiman dalah ka mahluk-mahluk di sawarga?
Jelema teh sawareh mukti saumur hirupna nepi ka paeh, tur paehna bangun geus sugema, taya genah panasaran, sarta mayitna dipulasara kalawan utama.
(21:23)
Sawareh deui jajauheun tina senang, hirupna wungkul balangsak, paehna dibarung kanalangsaan.
Tapi boh nu itu boh nu ieu sarua paeh, sarua dikubur, pada-pada jadi hakaneun cacing.
Nyaho kuring oge, aranjeun teh ngadoakeun goreng,
nepi ka majar teh, ‘Cik eta jelema jugala nu jahat teh, mana ayeuna imahna?’
Na aranjeun tara pangangguran ngobrol jeung nu tas nyanyabaan? Na tacan ngadarenge kumaha caritana?
Di mana-mana oge ari Allah bendu jeung nyiksa teh, angger bae anu saralamet mah anu jarahat.
Di mana aya anu osok tudang-tuding ka nu jahat? Komo nepi ka menta sangkan nu jahat dibales mah, bororaah aya!
Ana eta nu jahat teh geus waktuna digotong ka astana, neang kuburanana nu geus meunang ngemitan sagala,
anu nungkulan upacara nguburkeunana ge mani rebuan. Taneuh panguruganana ge diurugkeunana teh kacida hormatna, mani lalaunan pisan.
Na ari aranjeun! Anu magar rek ngalilipur, kalah ka ngawadul teu paruguh, ngomongkeun anu papalingpang jeung kanyataan."