Ayub 22
\it Elipas:\it* "Na aya jelema, najan anu pangpinterna, anu baris mangpa’at ka Gusti Allah?
(22:1)
Upama anjeun bener ge tur hade gawe, keur Mantenna mah naon piuntungeunana, moal matak ngabantu.
Mana ku Mantenna dilara-lara, diterapan cocoba oge lain ku sabab anjeun ibadah,
tapi ku sabab geus loba teuing dosa, geus kacida dorakana.
Ka dulur ge tega ngarampas gadeanana, nepi ka ngarangsadan, nepi ka dulur teu boga keur salin-salin acan.
Ka nu mopo tara mere nginum-nginum acan, ka nu kalaparan bororaah mere dahar.
Kalah ka ngarampas tanah, dicokot salegana, ngagunakeun kakawasaan jeung kalungguhan.
Ka nu geus raranda cadu ngabantu, ka nu yatim tega ngarampog, tur neungteuinganan.
Atuh pantes ayeuna anjeun dironom bahla, ngadak-ngadak loba kasieun,
poe jadi poek medem nepi ka anjeun teu bisa nenjo, sarta kalimpudan caah.
Allah teh jumeneng-Na di nu pangunculna, di manggung, ka bentang-bentang anu sakitu luhurna ge ningali-Na teh bari tungkul.
Kari-kari ceuk anjeun, ‘Uninga naon Gusti Allah, da Mantenna mah di ditu, kahalangan ku angkeub, mo iasa naon-naon.’
Anjeun ngira, Mantenna moal ningalieun waktu keur angkat dina pelengkung langit, lantaran kahalangan ku mega.
Bet kitu pipikiran anjeun mah, dipake nuturkeun jalan nu disorang ku nu jarahat.
Mungguh nu karitu tea, memeh tepi ka mangsa ge geus palid manten ku caah.
Moal teu karitu jelema-jelema nu nolak Allah mah, nu teu percaya yen Mantenna kawasa ka manusa.
Padahal barisana mukti teh ku saha lamun lain ku Gusti Allah. Kuring mah teu ngarti kana pipikiran jelema jahat teh.
Nu matak pantes, mun aya nu jahat meunang wawales teh. Jelema-jelema anu balener jeung teu baroga salah mah kacida aratoheunana.
Moal henteu, nu jarahat mah sagala pangabogana baris dibasmi, sesana dihuru nepi ka taya nu kari.
Anu matak, ayeuna mah sing nurut ka Allah, sing sadrah, ulah ngamusuhan kitu, sangkan ginanjar berkah-Na.
Turut piwulang-Na, imankeun timbalana-Na, teundeun dina ati sanubari.
Kudu handap asor rendah hate, tobat ka Allah, eureunan sagala dosa jeung kadorakaan. Sing beresih rumah tangga teh tina sagala masiat.
Emas-emasan piceunan, nu pangalusna ge tong lebar alung-alungkeun ka leuwi.
Nu jadi emas perak urang, leuwih mulya batan eta, tur taya wates wangenna, nya Allah Nu Maha Kawasa.
Lamun kitu, batin anjeun moal weleh ngait ka Allah, da karasa Mantenna teh sumber kabagjaan anjeun.
Mun sasambat ku Mantenna tangtu diwaler, sarta anjeun baris nekanan panadaran.
Sagala usaha baris ngajadi, jalan hirup ngabulungbung, caang sagala-galana.
Jalma anu rendah hate, tangtu diraksa ku Allah, sabalikna ari adigung mah baris digejretkeun.
Lamun hirup anjeun lempeng sarta satemenna, sarta bener dina sagala tingkah laku, tangtu ku Mantenna dirahayukeun."