:

Ayub 23

1

\it Ayub:\it* "Kuring tetep teu tarima, tetep tugenah ku Mantenna. Kumaha teu rek ngarasula?

2

(23:1)

3

Atoh temen mun bisa manggihan Mantenna, ngan teu nyaho kudu ka mana neangna.

4

Mun geus aya di payuneuna-Na mah, sagala hal kuring nu jadi kapanasaran, tangtu diunjukkeun, ditembrakkeun.

5

Hayang nyaho rek ngadawuh kumaha, rek kumaha ngawaler-Na.

6

Naha baris ngabantah tur nganggo sagala kakawasaana-Na? Sageuy! Sageuy Mantenna teu kersaeun nimbang.

7

Balaka bae kuring mah arek silih tempas jeung Mantenna. Sageuy teu diangken, yen kuring teh ti bareto nepi ka ayeuna henteu salah naon-naon.

8

Hanjakal, Mantenna diteang ka wetan teu nyampak, didongdon ka kulon kosong.

9

Diteang ka kaler henteu kawenehan, tuluy disusul ka kidul, suwung, di dinya ge teu katingal.

10

Parandene kitu, unggal kuring ngalengkah ge kadangueun, jadi upama kuring diuji teh tangtu kauninga lampah kuring teh beresih,

11

lantaran tigin nuturkeun tapak lacak-Na, tara nyimpang-nyimpang,

12

salawasna nurut kana timbalana-Na, ta’at kana pangersa-Na, tara mawa karep sorangan.

13

Mantenna tara owah gingsir, moal aya nu bisa ngarobah pamadegana-Na, moal aya nu bisa mapalangan kana sagala kersa-Na.

14

Mantenna kagungan rarancang kacida lobana, aya sarupa anu rek dilarapkeun ka diri kuring, tur pasti ku Mantenna dilaksanakeun,

15

nepi ka kuring sumeblak aya di payuneuna-Na, bawaning ku seber kabina-bina.

16

Wawanen kuring nepi ka beak dipupul ku Nu Maha Kawasa. Nya ku Mantenna kuring ngarasa gimir teh, lain ku poek anu geus ngalolongkeun paningal kuring.

17

(23:16)

Link: