Ayub 24
Ku naon Allah teu ngayakeun waktu keur ngahakiman, hiji poe kaadilan keur sakur nu ngawula ka Mantenna?
Jalma-jalma nyorok wates lahan batur, ngarah lahanna tambah lega, malingan domba dicampurkeun jeung anuna.
Ka kalde-kalde para pahatu teu dikarikeun, kitu keneh sapi milik para randa nu teu bisa mayar hutang.
Hak-hakna kaum miskin ditararahan, nu kokoro dibuburak.
Atuh nu mariskin teh lir kalde alas, nareangan dahareun ka leuweung nu kagaringan di mana-mana geus teu manggih dahareun keur anak-anakna.
Jadi kapaksa kudu ngala ti lahan lain bogana ngumpulkeun anggur nu aya di kebon-kebon jalma jarahat tea.
Ari peuting hareesna di nu ngaliglag, tingporongkol teu dibaju, teu disimbut,
lamun hujan di pagunungan, mani kuyumus, marucicid tingsalindung tukangeun batu.
Barudak anu geus teu baroga bapa, dibadegakeun, disina kerja paksa, nu teu bisa mayar hutang, anakna dirampas,
nu balangsak diurak, tur teu baju-baju acan. Batur panen, kaum miskin mah ngongkrong.
Rajeun ge digarawekeun, upamana meres minyak jeung anggur geusan inumeun, tetep bae tikorona mah gararing.
Di lembur patingharegung, nu taratu nu sakarat, tapi kawas henteu didangu ku Allah.
Aya deuih, jalma-jalma nu ngamusuh ka nu caang-caang, di nu caang teh kalah ka samar polah, nu matak caang teh disalingkiran.
Nu arek ngarogahala, arek maehan si miskin, inditna teh poek keneh memeh caang. Nu ngarampog, biasana peuting-peuting.
Nu rek lacur, inditna bada sareupna, bari palungas-palengos sieun kawawuhan.
Nu ngabangsat, nu ngagangsir, salawasna sok ti peuting, ti beurang mah ngadedempes nyumputan caang.
Jadi ku nu karitu mah caang teh dipikasieun. Sabalikna, ka nu poek-poek mah resep, da pangrasana aman taya bahaya."
\it Sopar:\it* "Jalma jahat bakal katarajang caah, lahan bogana disapa ku Allah moal bisaeun deui manehna melakan kebon anggurna.
Lir salju musna ku panas jeung katiga nya kitu jelema nu boga dosa musna ti dunya enggon nu hirup.
Ku indungna sorangan ge geus teu dipikainget, jasadna geus dihakanan ku bilatung geus binasa lir tangkal anu geus rubuh.
Kitu bagian si euweuh rasrasan. Si tukang ngisat randa-randa, si tara nyaah ka nu garabug.
Allah teh maha digjaya. Lamun Mantenna geus meta, si kumawasa dibinasa, si jahat dicabut nyawa.
Najan disabaran bae oge, tur diantep sina rareugreug naranjung, tetep ku Allah diincer.
Sanggeus diingkeun sakeudeung, sanggeus hasil panejana, kulapes layu ngadadak, lir daun anu ngararas, lempes lir ranggeuyan pare dipetik tina gagangna.
Pek, saha nu bisa ngabantah, nu rek nyebut lain kitu? Bisa ngabuktikeun, lamun eta henteu bener?"