:
1 \it Bildad:\it* "Allah kawasa liwat saking, kabeh manusa kudu gimir ku Mantenna. Karajaana-Na di sawarga ku Mantenna disantosakeun.
3 Aya anu bisa ngitung lobana malaikat anu ngawulaan Mantenna? Aya tempat anu teu kasorot ku cahaya Allah?
4 Bisa manusa teh suci jeung murni dina paningal Mantenna?
5 Cacakan bulan, ku Mantenna mah dianggap teu caang. Bentang-bentang oge dianggapna teu mencrang.
6 Komo manusa, si cacing, si insekta! Naon sih ajen manusa di payuneun Allah?"