:

Ayub 26

1

\it Ayub:\it* "Euleuh, mani capetang kitu eta anjeun, ngabela kuring anu nya lemah nya nandang lara!

2

(26:1)

3

Mani pertengtang mere bongbolongan ka jelema pantar kuring anu sakieu bodona!

4

Cik, ka saha maksudna eta kasauran teh, ti saha meunang ilhamna."

5

\it Bildad:\it* "Arwah-arwah jelema nu geus maraot tingdaregdeg cai sapangeusina galumeter.

6

Tempat pangancikan nu maraot nonggerak payuneun Allah, turub-turubna teu bisa ngalingan paningali-Na.

7

Allah ngadingdingkeun langit di tungtung kaler, ngagantungkeun bumi di awang-awang nu suwung.

8

Mantenna minuhan mendung ku cai, tur mendungna teu datang ka bedah.

9

Bulan purnama direueukan ku mega.

10

Caang dipisahkeun ti nu poek, wawatesanana ngagulimeng tepung gelang luhureun sagara.

11

Lamun tihang-tihang langit diinggeung-inggeung, seug eta teh genjlong, gumeter bawaning ketir.

12

Ku pangawasa Mantenna laut datang ka tagiwur. Rahab si naga laut ge kasoran, tiwas ku kawijaksanaan Mantenna.

13

Ku napas Mantenna bray langit lenglang, panangana-Na newak naga laut nu keur kabur, bek dipaehan.

14

Eta anu sakitu poharana teh, kakara mangrupa kila-kilana bae tina kakawasaan Mantenna, minangka harewos-harewos-Na anu katepi ku ceuli urang. Geus komo teuing kaagungan Mantenna sagemblengna, pamohalan bisa kajugjugan."

Link: