:

Ayub 27

1

\it Ayub:\it* "Kuring sumpah demi jumenenging Allah Nu Maha Kawasa, anu teu adil ka kuring, anu nganalangsakeun hate kuring,

2

(27:1)

3

yen: Sapanjang Allah maparin keneh ambekan,

4

paliyas ieu biwir ngucap goreng, ieu letah moal dibikeun ngabohong.

5

Kana pamadegan aranjeun ge pamohalan ngabenerkeun, sarta nepi ka paeh ge keukeuh kuring teu rumasa boga salah.

6

Seja kukuh dina cecekelan yen kuring bener, moal robah pipikiran yen yakin kitu.

7

Mugia teuing anu ngabararantah ngalawan kuring sing nandangan hukumanana, tong dibedakeun ti nu jahat, ti nu garoreng lampahna.

8

Lamun nyawana ku Allah geus dicararabut, cik eta anu marunapek teh rek kumaha!

9

Dina waktu maranehna katarajang papait, naha panyambatna bakal didangu ku Allah?

10

Keun sina galandrung hararayang meunang kabagjaan ti Allah, sina sasambat ka Mantenna teu eureun-eureun.

11

Sugan aranjeun teh kudu dipapatahan ku kuring, diwuruk hal agungna kawasaning Allah, sangkan nyaraho kumaha rarancang Mantenna Nu Maha Kawasa,

12

sanajan eta teh kateuteu-ari, da ku aranjeun ge geus karasa. Na ku naon atuh anggur ngocoblak taya hartina?"

13

\it Sopar:\it* "Kieu hukuman ti Anu Maha Kawasa ka nu doraka tur lalim:

14

Pek sing laloba anak, tapi anak-anakna kabeh baris paraeh ku perang, incu-incuna karurang dahar.

15

Nu barisa keneh hirup baris hus hos ditekukan ku panyakit, ku randana ge moal ieuh diceungceurikan.

16

Pek baroga perak mangpeti-peti, papakean sababaraha lamari,

17

tapi perakna kapimilikna mah ku nu jalujur, papakeanana dipakena mah ku jalma-jalma anu balageur.

18

Imahna nangtungna moal lila-lila, cara ramat lancah, atawa sasaungan tukang tunggu kebon.

19

Basa reup mondok mah beunghar, tapi panungtungan, da barang nyaring, kasugihanana geus euweuh.

20

Jol balahi narajang, lir caah ngadadak, wanci peuting dirina kapangpengkeun ku angin ribut,

21

kabawa kabur ti imahna ku angin ti wetan.

22

Sabot roroesan hayang salamet, gebut ku angin dibeubeutkeun taya kawatir.

23

Barang keur lumpat, hiuk katebak deui ku angin, ngagelebug matak sieun, matak binasa."

Link: