Ayub 28
Aya tempat pangalian perak, aya tempat paranti ngabesot emas.
Beusi dikali ti jero bumi, babatuan dilebur diala tambagana.
Tempat poek pangpoekna ku manusa dipariksa, jajantung bumi dikotektak ditaliti, cadas-cadas di nu ngajumbleng ditalugaran.
Jauh ti tempat mahluk kumelip, di nu can kungsi pisan katincak, manusa nyieun guha pangalian, digarawe di dinya mencilkeun maneh, guwang-gawing dina tambang, dina sumur pangalian.
Bumi di luar ngabijilkeun bangsa dahareun, di jerona dikorowek burak-barik.
Babatuanana aya batu nilemna, keusikna aya anu ngandung emas.
Jajalaneun dina eta pangalian, dalah ku heulang tara kalanglang, ku gagak tara kateang,
malah maung atawa sato galak nu lianna, taya hiji anu lumanto ka dinya.
Cadas sakumaha teuasna ditugar, gunung-gunung dikali didungkar,
ditembus ku torowongan, breh kapanggih babatuan anu marulya.
Sirah-sirah walungan oge dikali, eusi nu asalna buni diangkat ka anu negla.
Tapi cik, di mana ayana ari sumber kapinteran? Ka mana kudu nyukcrukna sangkan kaulik?
Kapinteran mo kapanggih ti manusa, mo kaulik aci-acining pangajina.
Ceuk dasar sagara, eta mah euweuh di kami, ceuk dasar lautan, eta mah taya di kami.
Hamo kabeuli ku emas perak,
hamo kabayar ku emas kolot reujeung permata,
najan emas golondongan atawa emas perhiasan, kitu deui kaca batu pangalusna, mo bisa dipake nukeuran.
Kapinteran leuwih mahal batan mutiara, ti batan kristal atawa mirah dalima,
teu kaimbang ku ratna campaka, teu kaudag ku emas pangkolotna.
Di mana sumberna ari kapinteran? Ka mana kudu nyukcrukna sangkan kaulik?
Gaib, kaalingan tina panon sugri nu kumelip, dalah ku manuk tukang haliber teu bisa tembong.
Jungkrang pati jeung maot ge, kana kapinteran ukur ngadenge bejana.
Ngan Allah nyalira nu ngahartos kana jalanna, nu uninga kana tempatna.
Kawantu Mantenna mah awas ka saampar jagat, tingali ka sakolong langit.
Mangsa Mantenna mere tanaga ka angin, bari matok legana lautan,
mangsa nangtoskeun iraha mangsana hujan, bari nangtoskeun pijalaneun kilat guludug,
eta kapinteran teh ku Mantenna ditilik, seug diuji kamampuhanana, ti dinya disahkeun jeung dipetakeun.
Pok Mantenna ngadawuh ka manusa, "Hayang pinter kudu ajrih ka PANGERAN, hayang boga pangarti, sing jauh ti kagorengan."