:

Ayub 29

1

Ayub sasauran deui,

2

"Kahayang mah hirup teh cara bihara-bihari, waktu eukeur diraksa keneh ku Allah,

3

basa ku Mantenna tara kendat disarengan, nepi ka kuring tara poekeun, caang ku cahya Mantenna.

4

Harita mah kuring teh jelema mukti, kawantu dalit jeung Allah, rumah tangga ditangtayungan.

5

Jeung Allah Nu Maha Kawasa teu pisah-pisah, jeung anak riung mungpulung.

6

Tara towong nginum susu, loba sapi loba embe, di kebon di tanah cadas tangkal jetun tingarulang.

7

Ana sesepuh kota gempungan, kuring ge milu nungkulan.

8

Lamun lar kuring ngaliwat, nu ngarora nyararisi mere jalan, nu sarepuh ararajeg ngahalormat.

9

Lamun kuring enggeus datang, pamingpin-pamingpin nu keur cacarios ge liren heula nyariosna,

10

dalah jalma pangpentingna ari datang kuring mah jep jempe.

11

Ku nu nyaraho sorangan atawa ku nu sakadar ngadenge, salampah-lampah kuring dipuji, jadi senen kalemekan.

12

Lamun aya nu miskin ngalengis, gancang ku kuring ditulung. Nu pahatu, nu teu boga pamatuhan geuwat disambat.

13

Jalma-jalma anu dijait ku kuring, kacida tumarimana, kitu deui randa-randa, ku kuring disarenangkeun.

14

Dina sagala hal kuring teh lempeng jeung jujur.

15

Keur nu lolong jadi minangka panonna, keur nu gempor jadi minangka sukuna,

16

keur nu malarat jadi minangka bapana. Semah anu eukeur susah ku kuring dibela.

17

Pangagung lalim ku kuring diwarah, nu jadi korbanna dijait disina leupas.

18

Nu diharep salawasna hayang nanjung panjang umur, mun paeh hayang di imah ngarah utama sugema.

19

Harita kuring teh ibarat tangkal, nu akarna juuh ku cai, dahan-dahan jeung daunna cipruk ku ciibun.

20

Ku jelema diparuji, pakarepan tara gagal.

21

Lamun kuring mere luang, jalma-jalma mani jempe, saregep ngabarandungan.

22

Lamun ngomong enggeus anggeus euweuh nu wani nyambungan, tiap ucap keunana nyerep, lir cihujan rembes ka jero taneuh.

23

Nu ngadarengekeunana bangun pohara resepeunana, lir patani narimakeun hujan.

24

Samangsa maranehna pegat pangharepan, ku kuring sok diimutan, timbul deui wawanenna mun kuring nembongkeun budi marahmay.

25

Urusanana geuwat ku kuring ditangkes tuluy diputus, jelemana dipetakeun, lir balad keur ditata ku rajana. Jalma anu pegat pangharepan dililipur nepi ka teger.

Link: