:

Ayub 30

1

Na ari ayeuna, ku nu leuwih ngarora ge diseungseurikeun. Bet inget ka kolot-kolotna, kabeh jalma tanpa guna. Leuheung keneh anjing kuring, aya-aya gawena purah ngajaga domba.

2

Naon maranehna mah, jelema ge ruruntukna, diarah tanagana bororaah, kacida halengkerna.

3

Ku miskin-miskinna, ku lapar-laparna, akar-akar garing ge disaregetan, ti peuting, di tengah tegal gundil,

4

nyarabutan tutuwuhan tegal, diharakan ka akar-akar tangkal nu euweuh rasana.

5

Ku itu ku ieu dibuburak, dieuah-euah kawas ka bangsat.

6

Hareesna di nu nyangkeredong-nyangkeredong, atawa ngalaliang dina lamping karang,

7

tingsalegor kawas sato bae badis, bacacar di handapeun rurungkunan.

8

Manusa piceuneun wungkul, teu paruguh indung bapana, dibuburak ti jero lembur.

9

Eta nu karitu patut, ayeuna mah ka kuring nyeungseurikeun mani nganggap bodor.

10

Bangun kacida sarebeleunana. Tapi ceuk pangrasana mah sakitu teh bageur teuing, da nepi ka nyariduhan kana beungeut.

11

Meureun meungpeung kuring ku Allah dikieu-kieu, nya geus teu walakaya, nya geus beak araheunana, maranehna sakama-kama mupuas ka kuring.

12

Seug eta gorombolan teh narajang, ngabeberik teu eureun-eureun,

13

maregatan arek mergasa, taya nu ngahalang-halang.

14

Maranehna ambreg kana lombang pertahanan kuring, ditenjragan nepi ka runtuh.

15

Cindekna kuring teh eleh, sieunna kabina-bina, beak wawanen kapupul bayu. Asal mukti geus burindil, lir mega kasapu angin.

16

Ayeuna mah kari nunggu-nunggu ajal taya harepan kana menyat deui.

17

Ari peuting karasa satulang-tulang nyareri, mani asa dikerikan teu eureun-eureun.

18

Sabot kitu, beuheung baju ku Allah ditongtak, tuluy dipuril-puril,

19

terus kuring dibalangkeun ka nu jeblog, taya bedana ti miceun runtah.

20

Ka Allah abdi ngagero, nanging teu diwaro. Ka Gusti abdi jumerit, nanging teu ditolih.

21

Gusti bengis liwat saking, nyiksa pupuasan.

22

Ku Gusti diapung-apung, atuh kabantun ku angin, dibuntang-banting ku topan.

23

Teu sak deui, tangtos bade dicabut nya umur, bade ditotogkeun ka kubur, pangbalikan sarerea.

24

Na ku naon dugi ka nyiksa ka nu parantos teu walakaya, anu parantos teu tiasa naon-naon, kajabi ti neda dipikarunya.

25

Padahal abdi kapungkur, ka nu prihatin sok ngiring sedih, ka nu tunggara ngiring sungkawa.

26

Nu diteda, bagja katut jamugana, nu katampi, papait sareng balai.

27

Awak bejad, dijejewet ku karisi jeung kanyeri, nu kapeleng mung wungkul pisangsaraeun.

28

Titingalan parantos paroek, gegerungan menta tulung, sasambat ka nu araya, nanging lapur taya anu ngalilipur.

29

Sora abdi matak ngarakacak hate kawas sora babaungna ajag atawa jeritna manuk onta di tempat sepi tur suwung.

30

Kulit jadi hideung, awak nyongkab muriang.

31

Kapungkur mah sok nguping lalaguan nu gumbira ayeuna mung bati lumengis midangdam.

Link: