Ayub 31
Kuring geus sumpah, jangji moal pelang-pelong ka mojang bari dilamun.
Naon nu baris dipidamel ku Allah Nu Maha Kawasa? Baris kumaha ngabalesna kana kalakuan manusa?
Sial jeung cilaka pasti ku Mantenna didatangkeun ka anu migawe dosa.
Allah pasti uningaeun sagala kalakuan kuring, pasti ningalieun salengkah-lengkah kuring.
Sumpah, kuring can kungsi boga lampah goreng, tara pangangguran tupa-tipu.
Upama seug ku Allah ditimbang sing bener, moal teu kauninga yen kuring putih beresih.
Lamun mengpar ti jalan nu bener, atawa ulad-elod kana kagorengan, lamun ieu leungeun lamokot ku masiat,
daek tumpur pibuateun, atawa kop bahan pangan kuring beakkeun ku deungeun-deungeun.
Lamun kuring mikabogoh pamajikan batur, jejengkean taang-toong di tukangeun pantona,
pamajikan kuring mangka mangejokeun lalaki sejen, mangka hees jeung lalaki sejen.
Lamun enya kuring boga kalakuan nista sarupa kitu dihukum pati ge kajeun.
Kalakuan kitu sasat seuneu ngagegedur, seuneu naraka, nu baris malindes ngabasmi naon bae nu aya di kuring.
Mun badega gegelendeng ka kuring, teu burung didenge, ditimbang kumaha layakna.
Sabab lamun henteu kitu, na werat kuring ngadeuheus ka Allah? Kumaha nya pijawabeun lamun ku Mantenna dipariksa?
Lantaran boh kuring boh badega, tunggal dadamelan Allah.
Lebah kuring, ka nu miskin tara teu nolih, ka randa-randa anu sangsara tara teu mirosea,
tara ngantep pahatu anu teu nyatu, paliyas makmak-mekmek sosoranganan.
Saumur-umur, tuman nulungan nu kararitu.
Lamun nenjo nu walurat henteu boga baju-baju acan,
sok bae ku kuring mah dibere kaen wol, beunang nyieun tina bulu domba nu sorangan. Atuh mani bebeakan muji-mujina ka kuring.
Lamun kuring kungsi nipu ka nu pahatu, pedah ujub dibawa ka pangadilan ge moal teu meunang,
masing pingges ieu leungeun duanana, sing nepi ka sarengkleh ngaraplek.
Paliyas boga kalakuan kitu, sieun disiksa ku Allah.
Kabeungharan teu dijieun pananggeuhan,
kamuktian teu dipake kaagulan.
Tara muja ka cahya surya, tara munjung ka bulan purnama.
Tara pirajeunan muja ka anu karitu ku cara nyium leungeun sorangan ciri yen muja ka nu karitu.
Dosa nu sarupa kitu, manjing kana hukum pati, sabab mungkir ti Nu Maha Kawasa.
Mun musuh nandang pakewuh, atawa kagirijig ku balai, haram lamun kuring bungah, paliyas kuring mupuas.
Komo nepi ka ngamuga-muga sing paeh mah, paralun, dosa, kikituan teh, dosa!
Ka jalma anyar pinanggih tara asa-asa ngaku, gandek-gandek kabeh oge nyarahoeun, tabeat kuring teh kitu.
Nu keur nyaba kaburitan lebah imah kuring, geuwat disambat, disimpangkeun, da teu tega ngantep nepi ka hees di emper batur.
Batur mah ari boga dosa teh disidem, kuring mah anggur balaka,
rek pada ngomongkeun kitu ngomongkeun kieu, mangga teh teuing da rumasa, tinimbang bungkem atawa ngaringkeb maneh, dumeh sieun diera-era.
Naha moal aya nu percaya ka ieu omongan kuring? Wani sumpah, kabeh ge eta teh enya, Allah Nu Maha Kawasa saksina. Lamun eta panuding-panuding lawan ka kuring ditulis, nepi ka katenjo ku panon kuring,
rek disampaykeun dina taktak reujeung agul, malah rek diterapkeun dina sirah lir makuta.
Eta sagala kalakuan kuring teh arek diunjukkeun ka Allah, tur ngunjukkeunana ge tangtu tatag sarta ludeung.
Lamun aya lahan kuring nu beunang ngagasab, beunang papaksa ti nu bogana anu sah,
atawa ngala ngadahar beunang batur melak, ari nu melakna kalaparan,
sing tibalik, mun jagong sing jadi jarong, mun pare sing jadi eurih." Sakitu pokpokan Ayub.