Ayub 32
Anu tiluan balem bae teu kersaeun ngawaler, lantaran Ayub ngaraos kacida yakinna yen anjeunna bener.
Tapi kasauran aranjeunna teh aya anu ngabandungan di dinya, nya eta Elihu putra Barakel, urang Bus ti kaom Ram. Anjeunna panas manahna ka Ayub anu neugtreug tur sakitu suabanana ka Allah.
Ka sobat-sobat Ayub anu tiluan oge jengkeleun pisan dumeh beunang kapeupeuh ku Ayub, siga pisan dina eta perkara teh memang Allah anu lepat.
Tadi, ku sabab rumaos panganomna, nyabar-nyabar anjeun bae, ngadago seepna kasauran anu geus sarepuh.
Barang anu tiluan tea teu ariasaeun ngawaler, Elihu teu tahan deui,
pok bae misaur, "Sim kuring rumasa ngora keneh, paralun kumawantun ka nu geus sarepuh, teu wantun milu ngedalkeun kereteg hate.
Ceuk emutan, keun Bapa-bapa bae anu cacarios, kawantu sepuh-sepuh mah tangtos luhung panemuna.
Nanging sanaos kitu, luhung teh kapan ku kersaning Roh Allah Nu Maha Kawasa.
Jalmi jadina pinter atanapi terang kana bebeneran teh sanes ku dumeh kakolotanana.
Ku kituna darangukeun, sim kuring seja mihatur.
Waktos Bapa-bapa sasauran, sim kuring anteng ngabandungan, seja mulungan pituah-pituahna anu marunel.
Dibandungan ti awitna, Bapa-bapa sidik gagal, kawon ku ucap-ucapan Ayub.
Atuh naon tawisna, majar Bapa-bapa parantos seueur elmu panemu teh? Ku sabab Bapa-bapa parantos kawon, tangtos mung Allah nu iasa ngawaler ka Ayub.
Memang Ayub sasauranana teh ka Bapa-bapa, lain ka sim kuring. Sim kuring seja mangjawabkeun, tapi moal nganggo jalan mamanahan Bapa-bapa.
Ayub! Aranjeunna parantos kawon, teu ariasaeun deui ngawalon.
Ningal nu parantos bungkem, naha pantes sim kuring cicing-cicing bae? Aranjeunna kalah ka tingharuleng, seepeun pisaureun.
Kari sim kuring anu kedah nyarita, kedah ngajawab, ngedalkeun kereteg hate.
Sim kuring geus meh teu kuat, hayang buru-buru kedal, piomongeun parantos teu bisa dipondah.
Lamun nepi ka teu bisa dikedalkeun, tangtu mudal bedah sorangan, lir kirbat anu pinuh ku anggur anyar.
Teu tahan, kudu dibudalkeun.
Tapi teu pisan-pisan rek mihak, moal ngugung ka itu, moal ngugung ka ieu.
Ongkoh teu tiasa ngugung-ngugung teh, malah mun nepi ka ngugung-ngugung, muga ulah jamuga ti Allah.