Ayub 33
Salajengna dangukeun ieu pihatur,
sim kuring sumeja ngedalkeun eusi pikiran,
anu medal tina ati sanubari, sanes bohong akon-akon.
Roh Allah geus nyiptakeun kuring sarta maparin hirup ka kuring.
Bisi bade ngawaler, ari iasa mah mangga, geura sayagi panakisna.
Diri sim kuring sareng salira Pa Ayub, estu sami menggah di payuneun Allah, sami-sami sipat taneuh sareng lebu.
Jadi Pa Ayub teu kedah risi-risi, da sim kuring mah teu gaduh niat ngelehkeun.
Saur Pa Ayub tadi anu kakuping ku abdi:
‘Kuring teu boga salah. Teu boga kaluluputan, taya dosa naon-naon.
Tapi Allah teu kurang-kurang alesan keur nyilakakeun kuring, kuring teh dianggap musuh,
suku diterapan rante, saincak saparipolah mani haben diawaskeun.’
Ceuk sim kuring mah, Pa Ayub, eta teh lepat! Allah mah agungna ngungkulan umat manusa.
Naha Pa Ayub nuding ka Allah, magar tara malire kana udah-aduhna manusa?
Allah teh ngandikana ku rupi-rupi jalan, ngan urangna tara daek nolih kana sagala dawuhana-Na.
Ari ngandika-Na, sakapeung dina impian atawa tetenjoan, sajeroning urang mondok.
Pangersa-Na sangkan dawuhana-Na teh digugu, sangkan urang sieun kana panggeuing Mantenna,
sangkan eureun tina migawe dosa, jeung sangkan ulah ieu aing.
Allah mah tara kagungan niat nyilakakeun jalma, malah jalma teh diaping tina ancaman malakalmaot.
Osok soteh meperih, maparin pepeling, jalma dipaparin gering, dipaparin kanyeri nu teu puguh rasakeuneunana.
Keur gering mah tara hayang dahar-dahar acan, kajeun kana pangabeuki weleh henteu hayang bae.
Awak jadi ngajangjawing, tinggal tulang tingtorelak,
bari nunggu-nunggu dawuh geusan iang ka alam kubur.
Tapi boa teuing aya malaikat Allah ti anu mangrebu-rebu, anu ngelingan ka eta nu gering sangkan inget kana kawajibanana,
seug misaur bari pinuh ku kawelas, ‘Mugi eta jalmi dicageurkeun deui, ulah waka sina asup kana jero kubur, tah ieu kangge panebusna.’
Seug nu gering teh neutneutan menyat, tanagana pulih deui, bedas deui cara keur ngora.
Panedana ku Allah didangu, hatena bungah bisa deui muji ka Allah sagala lampahna ku Allah diloyogkeun ka nu bener.
Seug balaka ka balarea, ‘Kuring teh jalma doraka, sagala kalakuan taya nu bener, tapi ku Allah teu weleh ditulung, dicageurkeun.
Ku sih piwelas-Na kuring teu tulus asup ka kubur, bisa keneh gumelar di alam dunya.’
Kitu mungguing Allah mah, nulung deui, nulung deui.
Jalma teh ku Mantenna diraksa hirupna, sina bagja sina jamuga.
Ayeuna, mugi Pa Ayub kersa ngabandungan deui pihatur sim kuring salajengna.
Nanging bilih aya saurkeuneun mah saurkeun bae, atuh ari Pa Ayub nu leres, memang kitu utamina.
Sawangsulna upami henteu, mangga bandungan, sim kuring sumeja mere pepeling, tina hal kabijaksanaan.