:

Ayub 34

1

Bapa-bapa anu sugih ku pangarti, jembar kauninga, darangukeun ieu pihatur sim kuring,

2

(34:1)

3

sangkan tiasa ditimbang-timbang leres henteuna, sapertos kadaharan, disebut ngeunah henteuna teh saparantos diraosan.

4

Kasauran-kasauran Pa Ayub teh urang puguhkeun leres henteuna.

5

Anjeunna keukeuh ngaraos teu kagungan kalepatan, nanging ku Allah teu dipaparin kaadilan.

6

Saurna ge, ‘Na kuring kudu pura-pura ngaku salah sanajan henteu? Diri jadi ruksak kieu, padahal teu boga dosa.’

7

Saha deui jalmi nu sapertos Pa Ayub, teu aya semu-semuna ngajenan ka Allah?

8

Bet teu benten ti anu jarahat, sapamolah sami sareng anu masiat.

9

Nepi ka wantun nyebatkeun, magar taya pisan gunana jelema anut ka Allah teh.

10

Bapa-bapa nu palinter, dangukeun ieu sim kuring Allah Nu Maha Kawasa pamohalan kaliru.

11

Jalma diganjar satimpal reujeung gawena, dibalesna numutkeun kumaha lampahna.

12

Allah Nu Maha Kawasa tara midamel kaawonan, ka sasaha ge tara teu midamel nu satemenna.

13

Naha Mantenna kengingna kawasa teh ti jelema? Naha Mantenna nyangking jagat teh dijenengkeun ku manusa?

14

Mun Mantenna nyabut deui napas kahirupan,

15

sugri nu kumelip pinasti lastari, mulang kana taneuh asalna.

16

Upami Bapa-bapa bijaksana, dangukeun ieu pihatur sim kuring.

17

Naha leres Allah teh ceuceub kana kaadilan? Naha Bapa-bapa bade ngalepatkeun ka Allah Nu Maha Adil?

18

Allah ngahukum raja-raja sareng nu nyarepeng kawasa, lamun aranjeunna tanpa guna atanapi jarahat.

19

Mantenna moal mihak ka nu nyarepeng kawasa, moal leuwih mentingkeun nu beunghar ti batan nu miskin, da sadayana oge sami ciptaan Mantenna.

20

Mun jalma geus dikersakeun, rek janari tengah peuting sakedet netra hos maot. Ana enggeus dikersakeun, jalma ngelepek harita keneh. Nyabut nyawa pangagung oge Allah mah gampileun bae.

21

Salengkah-lengkah manusa ku Mantenna dititenan.

22

Dosa jalma kajeun di nu poek mongkleng, ku Allah mah katingali nonggerak.

23

Mun Mantenna rek ngahukum, tara mikabutuh waktu.

24

Mun Mantenna rek ngarorod pangagung sangkan diganti ku nu sejen, Mantenna mah henteu perlu papariksa deui,

25

sabab sagala-galana ku Mantenna geus kauninga. Rek janari tengah peuting, ku Mantenna tangtu ragrag tangtu remuk.

26

Sing saha nu jahat tangtu dihukum, kasaksi ku balarea,

27

buruh tina wangkelangna ngabaha ka Mantenna, ngamomorekeun timbalana-Na.

28

Panyambat jalma malarat nu jumerit ka Mantenna, lantaran disangsara ku nu jarahat, tangtu didangu.

29

Mun Mantenna ngersakeun nganggur, moal aya nu bisa ngageureuh-geureuh. Mun Mantenna nyumputan, jalma mo bisa manggihan.

30

Bangsa-bangsa mo bisa kumamaha sangkan leupas tina panggencet bangsa nu teu percaya ka Allah.

31

Pa Ayub, kumaha kersa ngangken dosa ka Allah, kersa jangji moal kitu-kitu deui?

32

Kumaha parantos nyuhunkeun sangkan ku Allah dituduhkeun naon nya kalepatan? Kumaha parantos kapok moal midamel deui kaluluputan?

33

Rupina kahoyong Bapa mah Allah teh kedah tumut kumaha Bapa, pangna teu satuju kana pangersa-Na teh, sanes? Perkawis eta kumaha Bapa, da sanes urusan sim kuring. Cobi sebatkeun, kumaha mamanahan teh?

34

Ku emutan, sugri anu ngaruping ieu pihatur, menggah nu sehat pikiran tur berbudi mah tangtos ngahaminan kana pamendak sim kuring,

35

yen kasauran Ayub teh kasauran jalma sasar, sasaur-saurna henteu kalawan dipikir.

36

Upami kasauran-kasauranana tea diemut-emut deui, baris nyata yen taya bedana ti omongan jalma jahat.

37

Dosa-dosana tambah deui sarupi, nya eta ngalawan ka Allah di hareupeun urang anjeunna moyok ka Allah.

Link: