:

Ayub 35

1

Ngarasa bener di payuneun Allah teh lepat kabina-bina.

2

(35:1)

3

Ari Bapa dugi ka nyebatkeun, naon gunana kudu suci, naon untungna mun henteu migawe dosa.

4

Kasauran Bapa, kitu deui kasauran sobat-sobat Bapa, ku sim kuring rek dijawab kieu:

5

Tingali ka awang-awang, sakumaha luhurna mega?

6

Upama Bapa-bapa midamel dosa, naon ngarugikeunana ka Allah? Upama Bapa-bapa seueur kaluluputan, naon matakna ka Mantenna?

7

Sawangsulna upama Bapa-bapa midamel bener, na eta teh tiasa keur ngabantu ka Gusti Allah? Allah teh moal butuheun ku urang.

8

Lampah urang boh hade boh goreng, untung rugina keuna ka papada manusa keneh.

9

Jalma upama digencet sok lumengis ka batur hayang ditulung.

10

Ari ka Allah anu ngajadikeunana teu inget-inget, tur Mantenna nu nguatkeun ana maranehna nandang sangsara.

11

Teu inget-inget yen Allah geus maparin akal budi ka maranehna, sangkan punjul leuwih ti sato atawa manuk.

12

Atuh najan gegerungan butuh ku pitulung oge, pamohalan ku Allah ditulung, lantaran nya angkuh nya jahat,

13

sasambatna taya pedahna, pamohalan ku Anu Maha Kawasa ditolih.

14

Bapa nyaurkeun majar teu ningali Allah. Antos sing sabar, perkara Bapa teh geus aya di Mantenna.

15

Bapa ngira Allah moal ngahukum. Bapa ngira Allah kurang open kana dosa.

16

Taya pedahna Bapa ngocoblak deui ge, da ucap-ucapan Bapa nyirikeun kurang wiwaha."

Link: