:

Ayub 36

1

Saur Elihu deui,

2

"Sabar heula sakedap, dangukeun deui pihatur sim kuring, kalayan pajenengan Allah.

3

Pangarti sim kuring teh mahi, ayeuna rek digunakeun, rek dipake nembongkeun yen Allah anu ngajadikeun sim kuring teh estu bener.

4

Sim kuring sanes rek ngabobodo. Ieu anu dipayunan teh jalmi cekap bijaksana.

5

Allah teh maha perkasa! Tapi ka jalma teu mandang rendah. Tur keur Mantenna mah taya hal nu teu kahartos.

6

Mantenna tara ngantep jalma jahat nanjung. Sabalikna anu sangsara mah dibela.

7

Anu balener dijaga diraksa, sina sajajar jeung raja-raja, sina mulya salalawasna.

8

Jelema nu dirante, tur sangsara ku pamolahna,

9

ku Mantenna dibere terang, yen kituna teh ku karana dosana jeung adigungna.

10

Ti dinya digeuing dipepelingan sangkan babalik pikir.

11

Anu narurut sarta ngabakti ka Allah, hirupna mukti santosa.

12

Sabalikna mun ngabaha eta teh tetela bodo, sabab tangtu cilaka tigebrus ka jero kubur.

13

Mungguh nu henteu malire ka Allah, angger bae murka, dihukum ge pamohalan sasambat ka Allah.

14

Ngora-ngora keneh jiwana geus paeh, ruksak ku laku hirupna nu nista.

15

Manusa ku Allah sok dipeperih, dipaparin kasukeran, eta maksad-Na ngawulang sangkan areling.

16

Bapa ge geus tangtu baris dijait, dipaparin deui kabagjaan, hirup mo aya kakurang.

17

Hukuman anu keur karandapan, eta teh balukarna tina lalampahan.

18

Atos-atos, najan lara ulah dugi ka sasar ucap, ulah nepi ka ngaco ku beuratna sarat.

19

Menta tulung nepi ka jejeritan ge, meak-meakkeun tanaga, moal aya tulungna.

20

Peuting tong diarep-arep datang, sa’at pimusnaeunana bangsa-bangsa.

21

Atos-atos, ulah malikan deui dosa. Kapan nu matak Bapa nandangan lara oge, maksad-Na sangkan ulah dugi ka kitu.

22

Sing emut, Allah teh Maha Kawasa, Allah teh Guru Nu Agung, guru urang sarerea.

23

Moal aya nu bisa nguah-ngieuh ka Mantenna kudu kitu kudu kieu, atawa nyela dadamelana-Na.

24

Sagala damel-Na salawasna layak dimulyakeun. Bapa oge kudu ngamulyakeun.

25

Sagala tapak damel-Na eces ebreh ka sarerea, tapi saurang ge moal aya nu ngaharti.

26

Kaagungana-Na lain jugjug-jugjugeun, kitu deui lawasna Mantenna jumeneng, lain taksir-taksireun.

27

Nya Allah nu nyaabkeun cai tina beungeut bumi, lajeng dikucurkeun deui ngajadi hujan.

28

Hujan ngucur tina mega mendung, jadi rahmat ka sakabeh manusa.

29

Saurang taya terang jalanna mega di awang-awang, kumaha jadina gelap ngabeledag di langit, panglinggihan Allah.

30

Kilat sina patingburinyay di angkasa, ari di dasar sagara angger-angger poek ngajumbleng.

31

Kitu Mantenna ngayakeun jalan geusan ngabayuan manusa, keur nyayagikeun dahareunana kalawan taya kakurang.

32

Kilat ditewakan, digenggem, lajeng ditimbalan sangkan nyamber titik tujuan.

33

Lamun gelap ngabeledag, ciciren topan rek datang, dalah sasatoan oge nyaho yen eta teh tandaning topan rek ngamuk.

Link: