Ayub 37
Ari aya topan teh sim kuring mah nepi ka sok ratug angen.
Sorana ngagelebug asal tina baham Allah. Darangukeun! Eta teh gentra Mantenna.
Jorelat kilat meulah langit, ti tungtung jagat ka tungtung jagat.
Beledag sorana, gelap ngampar handaruan, eta teh gentraning Allah, bareng jeung kilat patingburinyay.
Kalawan timbalan Allah, seug aya nu matak helok, anu aheng henteu kahontal ku akal.
Kalawan timbalana-Na, salju murubut kana taneuh, hujan gede abreg-abregan.
Pagawean manusa kabeh katunda, ku Allah dipegat, sabab Mantenna rek mintonkeun damel-Na anu rongkah.
Margasatwa marubus kana liang atawa guhana.
Ti kidul datang angin topan, ti kaler datang hawa anu kacida matak tirisna.
Cai karimpel katiup ku hawa napasing Allah, tuluy padet ngajadi es.
Kerelep kilat ngaburinyay ti jero mega,
tingjorelat, jalanna nurutkeun timbalan Allah, tunduk kana parentah-Na, sarapat-serepet ka sakuliah jagat.
Allah nurunkeun hujan ka bumi, bisa matak bahla, keur hukuman ka manusa, bisa jadi rahmat, keur nandakeun kurnia-Na.
Lenyepkeun, bandungan, Pa Ayub! Manahan eta padamelan Allah nu araheng tea.
Kumaha Bapa uninga petaning Allah midamel jeung nimbalan kilat sina ngaburinyay ti jero mega?
Kumaha Bapa uninga kaajaiban anu dipidamel ku Allah, sangkan mega patingkalayang di awang-awang?
Moal, moal uninga. Ukur bisa ngarasa panasna ngaheab, ana eta mega ngareueukan bumi lantaran katebak angin ti kidul.
Sanggup Bapa mantuan Allah mentangkeun langit, nepi ka kuatna lir logam beunang ngecor?
Cik sim kuring papatahan, kumaha pokna ari nyanggem ka Allah! Da pikiran urang teh kosong molongpong, moal bisa gunem catur jeung Mantenna.
Paliyas sim kuring mah nyuhunkeun widi cumarita ka Mantenna, kuriak salah tuluy katulah.
Ayeuna cahaya langit keur bengras, kacida matak serabna kana panon langit lenglang beresih, mega disapu ku bayu.
Breh ebreh di beulah kaler cahaya burahay lir emas. Saestuna kamulyaan Allah teh matak ajrih.
Sakitu rosana kawasaning Allah, ku urang hamo kasungsi. Ka manusa sipat wijaksana tur adil.
Pantes saban jalma mikagimir ka Mantenna. Ka nu boga angkeuh pinter Mantenna teu pisan nganggap."