:

Ayub 38

1

Ti dinya PANGERAN ngadawuh ka Ayub ti jero angin ribut, dawuhana-Na:

2

"Saha maneh, campelak kana hikmat Kami, make ucap-ucap anu nya bodo nya kosong?

3

Maneh geura cengkat, masing cangker sakumaha layakna lalaki. Sing sadia pijawabeun, Kami seja barang tanya:

4

Geus aya maneh basa Kami ngadegkeun jagat? Lamun enya nyaho, sebutkeun.

5

Saha anu nangtukeun legana? Saha anu narik tali ukuranana? Eta kabeh, nyaho maneh pijawabeunana?

6

Kana naon nyeblokna tihang-tihang anu nanggeuy bumi? Saha nu masangkeun batu juru alam dunya?

7

Poe eta wanci subuhna bentang-bentang ragem ngarawih jeung mahluk-mahluk surga sarurak bungah.

8

Saha nu ngabendung lawang-lawang sagara basa eta ngagurudag gumelar ti jero kandungan bumi?

9

Nya Kami. Seug sagara ku Kami disimbutan ku angkeub mendung, dibedong ku mega nu reueuk hideung.

10

Tuluy dibere ciri wawatesanana, dikeureut keur geusan kandeg, lebah tulak lawang-lawang,

11

bari ditimbalan, ‘Geus, semet dieu, ulah terus! Lebah dieu angkara ombak maneh kudu eureun.’

12

He Ayub, kungsi maneh dina salila hirup nitah ka poe sina geura subuh?

13

Enggeus maneh nitah ka sang pajar, nitah nyekel tungtung bumi, sina ngirabkeun umat doraka anu nyamuni di nu baruni?

14

Ari enggeus bray beurang, gunung-gunung jeung jungkrangna narembongan, tingkarendu jiga lawon ngagunduk kawas anu dicapkeun dina taneuh liket.

15

Cahya beurang keur umat nu jahat mah, pohara matak serabna, geusan nyegah maranehna tina papaksa.

16

Kungsi maneh nincak kana sirah laut, atawa ngajajah dasar sagara?

17

Kungsi ka maneh aya nu ngebrehkeun lawang-lawang, anu brasna ka alam kubur?

18

Boga maneh pangabisa geusan ngukur legana jagat? Jawab, lamun enya nyaho!

19

Nyaho maneh, ti mana asalna caang? Naon ari nu jadi sumbering poek?

20

Bisa maneh nuduhkeun ka dinya kudu nepi ka mana majuna, atawa nitah sina baralik deui ka urut inditna?

21

Tangtuna moal teu nyaho da geus sakitu kolotna. Maneh teh lain dijurukeun samemeh alam dunya digelarkeun?

22

Kungsi maneh ngalanglangan gudang salju jeung hujan es?

23

Eta ku Kami dihaja disimpen, geusan dikaluarkeun dina usum werit, dina usum perang jeung usum jurit.

24

Kungsi maneh ngadongdon tempat bijilna sang surya, atawa ka pangancikan gelebugna angin ti wetan?

25

Saha nu nyieun wahangan keur nadah cihujan? Saha nu naratas pijalaneun kilat jeung guludug?

26

Saha nu nurunkeun hujan ka tempat suwung taya jalmaan?

27

Saha nu nginuman tanah anu nya keri nya garing, nepi ka jujukutan jararadi?

28

Ari hujan atawa ibun bogaeun bapa?

29

Saha indungna ari es jeung cai kimpel,

30

anu ngalantarankeun cai teuas kawas batu, beungeut sagara jeger kimpel ngajadi es?

31

Bisa maneh meungkeut Bentang Tujuh jadi saranggeuy, atawa ngudaran panyimpay Bentang Orion?

32

Bisa maneh ngabijilkeun bentang-bentang, luyu jeung usum-usumna, atawa ngangon bentang Biruang nu gede jeung nu leutikna?

33

Nyaho maneh aturan tataning langit? Bisa maneh nerapkeun pangaruhna mega ka bumi?

34

Bisa maneh ngageroan mega sarta marentah ka dinya, sangkan nurunkeun hujan geusan nyiram awak maneh?

35

Bisa maneh nitah ka kilat sangkan ngerelep, nepi ka kilat teh nyampoyong barina ngomong, ‘Ngiringan sakersa Juragan’?

36

Saha anu ngabejaan manuk waliwis nepi ka nyahoeun yen Walungan Nil baris banjir? Saha anu ngabejaan cangehgar nepi ka nyahoeun yen bakal hujan?

37

Ti antara nu pangpinterna, saha nu bisa milang mega mendung, sarta nyolokan sina bocor ngucurkeun hujan,

38

sangkan taneuh nu geus ngabata ngajadi ledok?

39

Sanggup maneh mangmorokeun mamangsan keur singa, jeung pikeun anak-anakna nu kalaparan,

40

ana keur kapaksa kudu nararumpi dina dungusna, atawa kudu dararepa dina guhana?

41

Saha nu maraban gagak lapar kumalayang, sarta anak-anakna rarecet patingarenggak ka Kami marenta parab?

Link: