:

Ayub 39

1

Nyaho maneh kana waktuna embe cadas anakan? Enggeus maneh nyaksian uncal jarah ngajuru?

2

Bisa maneh ngitung bulanna nepi ka jejeg waktuna anakan?

3

Nyaho maneh keur ngaheujeunna, nepi ka borosot anakna bijil ka alam dunya?

4

Anakna ngagaledean di pileuweungan, geus galede marisahkeun maneh ninggalkeun indungna.

5

Ku saha diaburna kalde jarah? Ku saha diumbarna sina ngencar bebas lepas?

6

Minangka kandangna ku Kami disadiaan gurun keusik, sina ngumbar maneh di daerah nu pangset taneuhna.

7

Hirupna jauh ti kota-kota, ti nu garandeng, moal aya nu bisa ngadalian bari seug digawekeun.

8

Nyatuanana di sampalan pagunungan, sakarep-karep milihan dangdaunan nu harejo.

9

Daekeun banteng mun ku maneh digawekeun, atawa ari ti peuting dikandangan?

10

Bisa ku maneh dikaluhan sina narik wuluku, atawa sina ngagusur garu di sawah?

11

Bisa maneh make tanaga rongkahna sina nalangan ngagawekeun anu bareurat?

12

Dina usum panen, na bisa ku maneh sina ngakutan pare, atawa sina ngumpulkeun gabah ti pangirikan?

13

Manuk onta kikiplikna mah gancang naker, tapi euweuh manuk onta anu cara bango bisa hiber.

14

Ana ngendog, endogna diantep ngagaloler dina taneuh, sina kahaneutan ku ngelekebna hawa tina taneuh.

15

Teu boga pisan kamelang bisi endogna katincak, atawa kaidek ku sasatoan,

16

kawas lain ka endogna bae, mangsa bodo masing usahana percumah oge.

17

Dihaja ku Kami sina sakitu bodona, teu dibere temah wadi.

18

Tapi ana enggeus lumpat, kuda balap katut jokina ge ku eta diseungseurikeun.

19

Naha beunang maneh, Ayub, nu matak kuda sakitu gagahna? Naha maneh anu ngararangkenan beuheungna ku susuri mani ngerab?

20

Na ku maneh pangna eta bisa ngajleng kawas simeut, jeung ana sesegor matak sawan?

21

Cokorna mani kekeduk nyakaran taneuh, bisa nyemprung muru medan perang, daweung teuneung ulat gagah.

22

Sepi karisi euweuh kasieun, cadu mundur, teu rempan ku congo pedang.

23

Pakarang pahlawan nu tarumpakna tinggalenjreng disarada, tinggurilap katojo sang surya.

24

Mun ngadenge teretetna sora tarompet, bangun geus teu betah cicing, awakna ngagidir bangun nguntup hayang geura prung.

25

Saban teretet tarompet, seug bebenger, samemeh der perang campuh, hawana geus kaambeueun. Ceulina rancung, resepeun ngadenge sosoakna para panglima paparentah.

26

Ari manuk heulang, na ku maneh diwarahna hiber, sina meberkeun jangjangna ana eukeur nyuruwuk ka kidul?

27

Kitu deui rajawali, na kudu ngadenge parentah maneh heula, sangkan nyayangna di gunung anu laluhur?

28

Kapan nyayangna teh dina sela-sela cadas pangluhurna, lebah penglutna anu lancip tur netek.

29

Ti lebah dinya matana gular-giler, ngawas-ngawas neangan mamangsan geusan hakaneun.

30

Ana manggih bangke rob dironom, anak-anakna nyarerotan getih.

Link: