:

Ayub 40

1

Ayub, maneh nangtang ka Allah Nu Maha Kawasa. Bisa maneh ngajawab pananya-pananya Kami, atawa rek taluk?"

2

(40:1)

3

\it Ayub:\it* "Rumaos, nun Gusti, omongan abdi sapertos omongan jelema burung. Kumaha abdi nya kedah ngawangsul? Abdi moal nyanggem nanaon deui,

4

(40:3)

5

parantos seueur teuing abdi nyanggem teh."

6

PANGERAN ngadawuh deui, ti jero angin ribut.

7

\it PANGERAN:\it* "Geura cengkat masing cangker, sakumaha layakna lalaki. Jawab pertanyaan Kami.

8

Maneh teh rek ngabuktikeun yen Kami teu adil? Rek nyalahkeun Kami, terus ngabenerkeun diri sorangan?

9

Maneh teh naha sarua rongkah kawas Kami? Bisa sora maneh ngageleger kawas sora Kami?

10

Lamun bisa hempek atuh, Kami hayang neuleu daweungna, hayang nenjo dangongna, siga kumaha gandangna, siga kumaha agungna.

11

Pek ka ditu tatandang hareupeun nu galede hulu, coba hinakeun ku maneh, budalkeun amarah ka darinya.

12

Coba perong sina ngeluk tingpurungkut, terus leyek tah nu jarahat teh,

13

nepi ka marubuy kana taneuh, nyalalusruk ka enggon anu paraeh.

14

Lamun sanggup, pasti ku Kami dipuji, meureun Kami ngaku yen maneh teh pinunjul.

15

Coba awas-awas kuda Nil, boh eta boh maneh, nya Kami anu nyieunna. Ari nyatuna mah jukut, teu beda ti sapi.

16

Tapi awakna bedasna kabina-bina, urat-uratna laliat.

17

Ana buntutna centang, mani nanjeur jeg kai kiputri, urat pingpingna pating berehil.

18

Balung-balungna tarareuas jeg tambaga, babajegna jeg ruji-ruji beusi.

19

Di antara mahluk-mahluk Kami, ngan eta anu pohara matak helokna. Elehna ngan ku Anu nyiptakeunana.

20

Jukut piparabeunana, sasat disodoran ti gunung-gunung, tempat pangulinan sato galak.

21

Gupakna handapeun tatangkalan anu carucukan, sok nyelegon dina dapuran kaso di sisi rawa,

22

diiuh-iuh ku tatangkalan nu carucukan jeung tangkal bidara, anu rajeg sisi walungan.

23

Najan walungan ngocorna tarik teu inggiseun. Cai neumbagan bangusna ge, anteng-anteng bae.

24

Saha nu bisa nyolok matana nepi ka lolong sangkan eta bisa kagusur? Saha nu bisa ngabarengkos bangusna?

Link: