:

Ayub 5

1

Ki Sobat! Aya kira-kirana nu bisa ngajawab kana hal eta? Mangga calukan. Atawa, aya kira-kirana malaikat nu bisa dipentaan mangjawabkeun?

2

Aral ku diri, hayang paeh awahing ku jengkel-jengkelna, eta mah nya bodo nya tanpa guna.

3

Kuring geus manggih aya nu garejul nararanjung, tapi harita keneh ge tempat tinggalna ku kuring disapa.

4

Anak-anakna teu jaramuga, di pangadilan teu aya nu ngabela.

5

Beubeunangan panenna, malah gandum nu di rungkun ge bakal ledis ku nu kalaparan. Kakayaanana dipikasirik ku nu aus kana harta. Harta bandana wungkul keur teureuyeun batur.

6

Piraku atuh kajahatan bijil ti jero taneuh, piraku kasusah bijil ti jero bumi onaman.

7

Lain, lain ti dinya. Manusa cilaka teh ku polahna keneh bae, cara silalatu mararetel tina seuneu.

8

Mun kuring jadi anjeun, pasti nyaluuh ka Allah, rek balaka sumeja sadaya-daya.

9

Sabab sugri damel-Na anu araheng ku urang hamo kaharti, sagala mujijat-Na teu aya wates wangenna.

10

Mantenna nurunkeun hujan, tanah-tanah jeung tegalan disiram.

11

Ku Allah mah nu laip dijait, nu tagiwur dililipur.

12

Mantenna ngagagalkeun rarancang jalma lalicik ngajiret anu palinter ku rarancangna sorangan nepi ka sagala usahana taya hasilna.

13

(5:12)

14

Pikeun anu kararitu, cacakan wanci manceran, nepikeun ka talag-tolog lir ti peuting.

15

Balikanan nu mariskin, ku Mantenna dijagi ti baya pati, nu kakurangan, diraksa tina paneungteuinganan.

16

Nu malarat, ku Mantenna dibeberah, anu jarahat dibungkem, henteu bisa kecat-kecet.

17

Jalma anu dipeperih ku Allah mah bagja! Anu matak ulah aral lamun disandangan lara.

18

Mun Mantenna ngaraheutan, Mantenna keneh nu ngalandongan. Upama Mantenna neunggeul, Mantenna keneh nu ngusapan.

19

Saban wanci urang dijagi tina balai,

20

usum kalaparan, moal paeh kalaparan, usum perang moal paeh ku perang.

21

Ti nu linyok ti nu bohong, urang teh diaping-aping, dijauhkeun tina sagala bancang pakewuh.

22

Ancaman lapar, ancaman kakerasan, ku urang diseungseurikeun; ku sato galak ge teu sieun.

23

Waktu eukeur ngawuluku, taneuh riduh euweuh batu, tur teu kudu hariwang ku sato galak.

24

Ana keur reureuh di saung, senang teu aya kabingung, ret nenjo ka ingon-ingon, gede hate da aman taya bahaya.

25

Anak incu mani reuay, turunan geus teu kabilang, tanding jukut di sampalan.

26

Hirup seubeuh panjang umur, nepikeun ka aki-aki, mun pare mah tepi ka koneng, nepi ka mangsa dipanen.

27

Tah kitu saderek Ayub, kitu pamanggih ti kuring, beunang lila diajar tina luang anu kaalaman. Pek nyanggakeun, mugi-mugi katarima."

Link: