Ayub 41
Bisa maneh newak Lewiatan, ditohok atawa dieurad letahna tuluy dibedol?
Bisa maneh ngerong cungurna ku dadung atawa ngait cacapekna ku ruruhit,
nepi ka eta lumengis menta dileupaskeun deui, atawa ampun-ampunan menta karunya,
atawa ngikrarkeun akad sumpah yen seja kumawula ka maneh saumur-umur?
Bisa eta teh ku maneh dicocoo kawas manuk ingu, atawa dijieun tongtoneun lanjang-lanjang maneh?
Na eta teh bisa ditatawarkeun ka palika, atawa dijual ka tukang lauk sakeleng-sakeleng?
Na teurak kulitna ditusuk ku trisula atawa ditojos huluna ku tohok?
Pek pangangguran toel, sakali ge maneh kapok, bangbaungeun saumur hirup, mo poho-poho basa keur tarungna!
Kakara ku nenjona ge geus ngalumpuruk, kabur manten pangacian.
Ana eta geus culanggeuk, dangongna pikagimireun, bororaah aya nu wani deukeut-deukeut.
Di sajagat hamo aya nu sanggup tarung jeung eta, bari salamet teu paeh.
Urang tataan ku Kami wincikan anggahotana, sakumaha gagahna, sakumaha rongkah tanagana.
Kulit luarna pamohalan bisa kasebit, pakarang pamohalan aya nu bisa nyempalkeun.
Saha nu sanggup nyalawakkeun sungutna, anu ranggeteng ku huntu, sareukeut matak palaur?
Tonggongna jeg dilakop ku rebuan batok, teuas alah batan batu, mani kekep parerekep,
pateteep raraket padedempet, nepikeun ka hawa ge mo bisa seseleket.
Awahing ku kekep jeung rekep, pamohalan aya kulitna nu bisa kabeset.
Beresinna mani ngaburinyay, matana moncorong lir surya kakara medal.
Bangusna nyebrot hurung, cahayana racleng patingburinyay.
Irungna gegebosan ngabijilkeun saab, ngelun siga haseup pangdurukan jukut dina pariuk.
Ambekanana ge mani kingkilaban, sungutna mura-murakeun seuneu.
Pundukna istuning tangguh, tanggoh lain meumeueusan, anu paamprok tangtu kasima.
Kulitna euweuh pisan uduh-uduhna, tarareuas ngabaketrak kawas beusi.
Hatena teuas jeg batu, tara kaeunteupan sieun, teuas padet kawas batu panggilingan.
Ana jung ngajurungkunung, jalma anu panggagahna ge kasima, hareugeueun, leungit tanagana.
Pedang nambag, tumbak nyoledat, jamparing teu mahi, tohok moyodok, sagala pakarang taya nu teurak.
Beusi dianggap jarami, tambaga dianggap pangpung bobo.
Cadu lumpat ku dipanah, katimbul batu asa katinggang kalakay.
Gada dianggap panggere, dilempag kalah ka genaheun.
Sisitna rareges, reregean jiga pepecahan beling, ana ngorondang, leutak ambacak kacakar.
Laut dikubek digibeg-gibeg, mani ngagolak lir keur ditaheur, tingburial tingberekbek jeg minyak ngagolak dina kancah.
Alur urutna boborelakan, laut ngabudah mani bodas saluluar.
Eta mahluk istuning euweuh kasieun, di sajagat sepi tanding tuna lawan.
Sato anu panggagahna ge ku eta mah teu dianggap, kawantu Lewiatan mah rajaning sato galak."