Ayub 42
Ayub ngawangsul ka PANGERAN,
"Yaktos, Gusti teh kawasa sagala rupi, sakersa-kersa ngajadi.
Leres satimbalan Gusti, abdi teh bodo katotoloyoh, kumawantun nguji kapinteran Gusti, ngomongkeun perkawis anu ku abdi henteu kaharti, anu kaahenganana henteu tiasa kajudi.
Abdi ditimbalan ngaregepkeun ari Gusti keur ngalahir, kangge ngawangsul pamariksa Gusti.
Kapungkur terang ka Gusti teh mung tina carios batur nanging ayeuna mah terang ku ningal sorangan.
Ana emut kana ucapan sorangan, estu kalintang isinna, seja nyanggakeun pertobat, seja nyuksruk kana lebu."
Sanggeus ngadawuh ka Ayub, PANGERAN lajeng ngadawuh ka Elipas, dawuhana-Na, "Kami keuheul liwat saking ka maneh jeung ka sobat maneh nu duaan, lantaran maneh teu bener medar sipat Kami, henteu cara Ayub abdi Kami.
Ku sabab eta, kudu nyokot sapi jalu tujuh jeung domba jalu tujuh, kurbankeun di dieu pikeun nebus kasalahan maraneh. Menta dipangnedakeun ku Ayub, sabab ngan paneda manehna anu arek didenge, sangkan maraneh ku Kami ulah nepi ka dibales satimpal jeung ucapan-ucapan anu sakitu barurungna, teu bener ngomongkeun perkara Kami, teu kawas Ayub."
Seug eta dawuhan teh ku Elipas, Bildad jeung Sopar ditedunan. Ku Ayub dipangnedakeun, sarta ku PANGERAN dikabul.
Ti dinya, sanggeus mangnedakeun tilu sobatna tea, Ayub ku PANGERAN dipulihkeun, tur dikersakeun mukti deui, malah nepi ka dua tikeleun ti tadina.
Saderek-saderekna istri pameget, kitu deui sobat-sobat heubeulna ngaralayad bari nungkulan hajatna Ayub. Kabeh narembongkeun bela sungkawana tina hal sagala sangsara anu ditibankeun ku PANGERAN ka anjeunna, sarta anjeunna pada ngalilipur. Maranehna nyararumbang ka Ayub, masing-masing ku duit sawatara jumlah jeung ali emas hiji.
Ka tungtungnakeun hirup Ayub ku PANGERAN dihujanan ku berkah leuwih ti asal tadina. Pipiaraanana jumlahna teh: Domba 14.000, onta 6.000, kalde 1.000, sapi 2.000.
Sarta kagungan deui putra, tujuh pameget tilu istri.
Putra istri nu kahiji jenenganana Jamimah, nu kadua Kasiah, nu katilu Keren Hapuk.
Eta putra-putra istri, tiluanana geulisna kawanti-wanti, sadunya taya nu nanding. Tiluanana ku ramana dipaparin warisan cara saderek-saderekna nu pameget.
Ti semet harita Ayub masih keneh jumeneng 140 taun deui, iasa nyaksian putu-putu jeung buyut.
Pupus-pupus sanggeus lambat-lambut nya yuswa.